WILUJENG WENGI, KOTA BANDUNG (Ku : Yayat Hendayana) Wilujeng wengi, kota Bandung, wilujeng wengi. Peuting ieu kuring hayang tibra sare lantaran ti beurang anjeun geus ngahadiahkeun sumanget gawe, ngahanca garapan anu can rengse, nyaeta kamerdekaan sabangsa kuring sangkan leupas tina jajahan kejo sapiring. Wilujeng wengi kota Bandung, wilujeng wengi mun nenjo kuring saparakanca tong dipake leutik hate da anjeun teu salah teusing. Nu salah mah pangeusina, loba keneh nu api-api teu ngarti nu kumaha ari sugema sarerea. Wilujeng wengi kota Bandung, wilujeng wengi. Peuting ieu kuring hayang tibra sare sugan bae bakal datang hadiah ngimpi dahar ngeunah sangkan isukan gede tanaga keur ngagibrigkeun kasusah 1966 (tina buku kumpulan sajak "Sasambat") NGIRING MIELING TEPUNG TAUN KOTA BANDUNG TAUN 2020