KAKAWIHAN & SISINDIRAN JAMAN JEPANG
Kintunan : Ambu Sumedang
Kakawihan Jaman Jepang
Éhon bérod, Éhon bérod, Éhon bérod
roda sapi buntung,
tunggir hayam bikang,
kangkung sisi gawir,
Wira dagang oncom,
comél anu gélo,
lodong kosong ngentrung,
trung-trung-trung kohkol alarem.
Sisindiran Jaman Jepang
Cau raja cau ambon,
Cau lampung cau batu,
Boga raja urang Nippon,
Urang kampung henteu nyatu.
Melak jarak jeung kaliki,
Diatur di sisi jalan,
Keur harak sagala beuki,
Paré batur dikunjalan.
Ngala acung ngala ileus,
Diiring ku tatabeuhan,
Gering nangtung awak leuleus,
Katambah ku babareuhan.
Sukaréla modél Jepang
Diiring serdadu Syantung,
Mun béla ulah kapalang,
Abdi eukeur nuju bingung.
Gulali kuéh kelepon,
Jawadah awur-awuran,
Ustrali éléh ku Nippon,
Henteu weléh tatambalan.
Hirup kumbuh gotong-royong,
Bekerja bersama-sama,
Hirup ripuh beuteung kosong,
Bujalna ka mana-mana.
(Peranan Ramalan Dojobojo dalam Revolusi Kita, 1966).

Komentar