Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dengan label CARITA MISTERI

ANTAWIS SUJANG JEUNG YOUTUBER

  ANTAWIS SUJANG JEUNG YOUTUBER Ku : Asép Eri "Sasajééénnnn ..., sasajéén ..., sasajénnn ... haréwos haroshos jurig bungkeuleukan geus 3 poé teu sirikna nunutur wae Sujang, tadina mah teu pati diwaro komo bari sok mantangul asa aing, ari diwaro pamentana araranéh, beuleum peda beureum téa, cai kalapa héjo téa, rurujakan téa, kopi pait jeung sajabana antukna kalah ngadoreksakeun, hutang di warung ngajedig urut unjak anjuk jeung laladang paménta jurig, dipikir deui mah mening hirup normal jiga batur teu boga kaleuwihan bisa ningali sabangsaning lelembutan, jurig jarian marakahayangan, lieur! Katambah hirup ngabujang teu boga pacabakan! Geleber Nyi Kunti ninggalkeun dahan panumpian. Nyirorot muru nu keur ngariung handapeun caringin tukangeun astana tungtung lembur. Jamotrot. Paroman teu béda jeung nu geus araya di dinya, euweuh nu bérag. “Meunggeus. Moal anggeus ku gudad-gadeud urusan kieu mah,” ceuk nu buukna cawigwig semu ngirung, pakéan teu matut, sarowéh bari pinuh ku japah. “Ay...

TOGEL - Ku : ASÉP ÉRI

T O G É L Ku : ASÉP ÉRI # gambar ukur pamantes ti google Lalampahan hirup geus béak déngkak, laku lampah teu katakar akal, hirup sagala dirumpak! Teu malire mana halal jeung haram, mana meunang jeung henteu! Lain teu inget  pamali! Komo poho doraka! Lalakon lumampah geus  kapalang edan! Teu kaitung lambaran-lambaran dosa dikotrét wanci, palid ngageuleuyeung jeung nyérélékna waktu,  mingkin lila pangalaman lain leuwih nambah pangaweruh! Antukna ngajangélék jadi hiji kabiasaan goréng! Lain turutaneun! Sompral! Majar téh kagok doraka! Kagok dosa! Ku maranehna kabeh tempat geus didatangan, geus moal ngitung jarak nu disorang pikeun meakkeun kapanasaran! Urang kudu saged! Yakin bakal pinanggih bagja, hirup ku huripna iwal ti kieu jalan panggampangna! Kudu kapanggih pakaya! Urang udag nepi katungtung dunya! Tong leutik hate! Ahow méré sumanget ka Acéng jeung Apép nu mingkin tuhu jeung patuh nuturkeun kahayangna, teu kitu kumaha? Sababaraha kali  karasa kadagingan, ng...