Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dengan label PEPERNIAN

Kamandang Urang Curug Karawang ngeunaan SILOKA ÉLMU KI SUNDA

Assalamu 'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Sim kuring wasta pun Aman Suhérman ti Curug, Klari, Kabupatén Karawang. Kataji maos dina web : Warta Sunda Nusantara, www.wartasundaonlinenusantara.blogspot.com ngaguar PEPERNIAN nu judulna SILOKA ÉLMU KI SUNDA. Saé nya élmu Ki Sunda anu patut ku urang dipiboga tapi lain ukur miboga, nulis, Jeung maca !  Saukur kitu mah gampang!  Miboga geus nyaho da geus maca éta tulisan élmu Ki Sunda, Maca Komo éta sabab Aya tulisan tinggal baca!  Anu beurat sabenerna anu nulis ieu élmu Ki Sunda sabab ngandung Harti anu maca elmu Ki Sunda Sangkan jadi jalma anu saé kudu miboga élmu Ki Sunda Sangkan hirupna sampurna, kulantaran kitu yu urang contoan ku urang berlomba-lomba fastabiqul Khoirot !  Ulah boga élmu ajug ka Batur nya'angan diri sorangan kapoékan !  Sing siga sarangéngé anu mencorong nya'angan alam Dunya tur méré mangfaat sadunya!  Keur dirina ca'ang keur Batur ca'ang, jadi Mun nu nulis élmu Ki Sunda ngamalkeun leuwih ti ...

SILOKA ÉLMU KI SUNDA

 "PEPERENIAN" SILOKA ELMU KI SUNDA.  Keur dulur2 oge baraya2 uwa.....  Assalamu 'alaikum wr wb.....  Sampurasun.....  Dulur-dulur jeung baraya Uwa..... Cenah ceuk cenah luluhur ki sunda nya luluhur urang sunda téa malah cenah ti jaman agama Islam can sumebar ditatar Sunda..... luluhur ki Sunda seueur pisan méré ajaran atikan anu ngalangkungan silib sindir sindang siloka.. ... anu teu pirang-pirang leubeut euyeub ku atikan turta didikan anu tug dugi kiwari jadi papaés carita wayang anu jadi gambaran kahirupan, kahirupan anu mangrupi karya para pujangga anu jadi alat ngembangkeun ajaran kahirupan turta mun ku urang dipesek cangkangna téh pasti bakal tepi kana ugana anu diseja.....  Saur karuhun Ki Sunda baheula aya élmu siloka Ki Sunda anu eusina lima siloka keur ngojayan sagara kahirupan, malah mandar bisa napak dina sagala ringkang kahirupan urang sékésélér Ki Sunda. Ngawengku diantarana :  Kahiji kudu boga élmu saépi.....  Kadua kudu bisa élmu n...