Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dengan label BÉJA TI SMA

3 Srikandi TU SMAN 1 Darangdan Jaradi Kasubag Tata Usaha

3 Srikandi TU SMAN 1 Darangdan Jaradi Kasubag Tata Usaha (ibu Awa Tirta Muliawati SE, ibu Yeti Kusmiati, SE sarta ibu Wiwin Widaningsih).* DARANGDAN - Warta Sunda Nusantara, Pikeun nyoko kana kualitas Sumber Daya Manusia (SDM), tangtu peranan pupuhu ka anak buahna teu leupas tina kinerja jeung dedikasi sapopoéna disakola. Kepala SMAN 1 Darangdan, Hj Sri Mulyani M.Pd masihan motivasi ka Perwakilan TU nu ayeuna badé mancen tugas janten Kasubag TU.* Dina hal ieu mah, di SMAN 1 Darangdan, tilu urang stapna di promosi keun jadi Kasubag TU ku pupuhu (Hj. Sri Mulyani, M.Pd). Kituna téh, Basa Rapat evaluasi luring, poé Kemis (24/9/2020) di SMAN 1 Darangdan ogé sakaligus pembekalan 3 (tilu) urang srikandi Tata Usaha nu diangkat jadi KaSubag.  Ngawilujengkeun tur mancen gawe salaku Kasubag TU ka kersana ibu Awa Tirta Muliawati SE, ibu Yeti Kusmiati, SE sarta ibu Wiwin Widaningsih.***