PROGRAN DISDIK TATANÉN DI BALÉ ATIKAN DIPITEMBEYAN KU KORWIL 9 MANIIS “Tatanén diburuan kantor teu leupas tina karancagéan staké holdér dina ngagenah-genah kantorna ku pepelakan palawija jeung resikna kekembangan dina pot.” MANIIS – Warta Sunda Nusantara , G ENAH tur tumaninahna kaayaan kantor tangtu dipikameumeut ku unggal pagawéna, saperti halna di Koordinator Wilayah (KORWIL) 9 Maniis – Tegalwaru poé Kemis (8/10/2020) geus ngayakeun kagiatan tatanén di balé atikan nu kiwari keur dimekarkeun ku Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta. Malah mandar ieu kagiatan minangka mitembeyan di buruan kantor UPTD Pembinaan TK/SD Pendidikan Kabupatén Purwakarta nu harita ayeuna robah ngaranna jadi KORWIL 9 Maniis Dinas Pendidikan Kabupaatén Purwakarta melak ku sarupaning palawija jeung ngahegarkeun ku kekembangan. Éndahna buruan kantor nu dihiap ku pepelakan kayaning melak tatanén saperti palawija nu diantarana melak terong, suuk, sasin, kacang panjang, talés bogor katamb...