Gebray balébat énjing ieu, deudeuh... Teu nyana mungkas lalakon hidep Basa kujur nyangujur ngalér Meureun kamari téh huap panungtungan Cimata panganggeusan nu beueus beureum na tungtung kongkolak Nineung nu nyeuit ras ka teuteup keudeu semu ceuleuyeu Ngemu kasedih nu jadi rusiah Hampura...hampura suuu Mamah teu surti Kana kanyeri nu nyeseg na raga jeung ati anjeun Pileuleuyan geulis kadeudeuh Mamah # Nyegrukkkk, Ratna Ning