WILUJENG WENGI,
KOTA BANDUNG
(Ku : Yayat Hendayana)
Wilujeng wengi, kota Bandung,
wilujeng wengi.
Peuting ieu kuring
hayang tibra sare
lantaran ti beurang
anjeun geus ngahadiahkeun sumanget gawe, ngahanca garapan anu can rengse, nyaeta kamerdekaan sabangsa kuring sangkan leupas tina jajahan
kejo sapiring.
Wilujeng wengi
kota Bandung, wilujeng wengi
mun nenjo kuring saparakanca
tong dipake
leutik hate
da anjeun teu
salah teusing.
Nu salah mah pangeusina, loba keneh nu api-api teu ngarti
nu kumaha ari sugema sarerea.
Wilujeng wengi kota Bandung, wilujeng wengi. Peuting ieu kuring hayang tibra sare sugan bae
bakal datang
hadiah ngimpi dahar ngeunah sangkan isukan gede tanaga keur ngagibrigkeun kasusah
1966
(tina buku kumpulan sajak "Sasambat")
NGIRING MIELING TEPUNG TAUN KOTA BANDUNG TAUN 2020

Komentar