AMUK CICURUG
Ku : Asép Somantri
lain amuk nu teu puhpuguh
pajarmanéh teu tata pasini
lain...lain kitu
tanyakeun ka hulu wotan
girangna ka sunggapan
prak pénta balakana
pasti...
lain dadak sakala
amuk cicurug
balukar lampah salah
ramo-ramo jelema sarakah
mupujuhkeun hawa napsu
paseuk bumi dicabut lantakan
puguh gunung
ditugaran
ampar sagara katut rawa
diarugan
dongéng nini ti buyutna
"Ngaing hamo ngalaman Cicurug ngamuk!"
"Lantaran Ngaing jeung Cicurug silih puhapékeun!"

Komentar