Assalamua’laikum W r. W b. Sampurasun. Katumampian lahir tumekaning batin, didastakeun ka pangkonan Illahi Rabbi Alloh SWT, Anu Maha Maparinan Kakiatan sareng Maha Ngaijabah samudaya paneda mahlukna. Sholawat kamulyaan dihaturkeun ka jungjunan Kangjeng Nabi Muhammad S AW mustikaning kamanusaan, salajengna salam kahormatan dihaturkeun ka ahlul bait, para sahabat, mu’minin wal mu’minat, miwah para ulama. Ka para sesepuh luluhur karuhun anu parantos nyebarkeun ahlak Islami dugi ka urang tiasa nampi kani’matan Iman Islam anu sagemblengna, hususna kanggo Bapa MAS GUNAWAN WALUYO rawuh rengrenganana nu parantos ngarojong sim kuring tug dumugi tiasa midangkeun ieu tulisan mangrupi papatah/piwuruk/pituah. Papatah para sepah anu parantos lumrah sareng piwuruk sepuh anu parantos kacukcruk, ogé pituah-pituah para Bujangga anu malashur jenengannana, atanapi anu diparentahkeun ku Agama sareng nu diwiridkeun ku ahli-ahli kabathinan hususna, upami ku urang dilenyepan leres-leres, saleresna...