Assalamu 'alaikum Wr. Wb.
Sampurasun.
Sim kuring wasta pun Aman Suhérman ti Curug, Klari, Kabupatén Karawang. Kataji maos dina web : Warta Sunda Nusantara, www.wartasundaonlinenusantara.blogspot.com ngaguar PEPERNIAN nu judulna SILOKA ÉLMU KI SUNDA.
Saé nya élmu Ki Sunda anu patut ku urang dipiboga tapi lain ukur miboga, nulis, Jeung maca !
Saukur kitu mah gampang!
Miboga geus nyaho da geus maca éta tulisan élmu Ki Sunda, Maca Komo éta sabab Aya tulisan tinggal baca!
Anu beurat sabenerna anu nulis ieu élmu Ki Sunda sabab ngandung Harti anu maca elmu Ki Sunda Sangkan jadi jalma anu saé kudu miboga élmu Ki Sunda Sangkan hirupna sampurna, kulantaran kitu yu urang contoan ku urang berlomba-lomba fastabiqul Khoirot !
Ulah boga élmu ajug ka Batur nya'angan diri sorangan kapoékan !
Sing siga sarangéngé anu mencorong nya'angan alam Dunya tur méré mangfaat sadunya!
Keur dirina ca'ang keur Batur ca'ang, jadi Mun nu nulis élmu Ki Sunda ngamalkeun leuwih ti heula ngamalkeunana jadi conto nu maca sapertos Rasulallah SAW nabi Muhammad SAW jadi conto jalma sadunya!
Alhamdulillah Islam agama paling pesat maju, Kiwari berbondong-bondong jaradi mualaf pada lebet ka agama Islam éta sabab ku contona anu saé teu maké élmu Ajung tapi ku amal nu nyata Sabab Ari élmu ajug Batur caang diri sorangan poék éta rugi!
Ari pagawéan anu rugi Matak bangkrut lamun bangkrut tetep moal bisa hirup sorangan!
Yu hayu urang contoan berlomba Kana kasaean!
Aamiin ya rabbal alamiin insya Allah
👍👍👍🙏🙏🙏

Komentar