Langsung ke konten utama

SILOKA ÉLMU KI SUNDA

 "PEPERENIAN"

SILOKA ELMU KI SUNDA. 



Keur dulur2 oge baraya2 uwa..... 

Assalamu 'alaikum wr wb..... 


Sampurasun..... 


Dulur-dulur jeung baraya Uwa.....

Cenah ceuk cenah luluhur ki sunda nya luluhur urang sunda téa malah cenah ti jaman agama Islam can sumebar ditatar Sunda..... luluhur ki Sunda seueur pisan méré ajaran atikan anu ngalangkungan silib sindir sindang siloka..... anu teu pirang-pirang leubeut euyeub ku atikan turta didikan anu tug dugi kiwari jadi papaés carita wayang anu jadi gambaran kahirupan, kahirupan anu mangrupi karya para pujangga anu jadi alat ngembangkeun ajaran kahirupan turta mun ku urang dipesek cangkangna téh pasti bakal tepi kana ugana anu diseja..... 


Saur karuhun Ki Sunda baheula aya élmu siloka Ki Sunda anu eusina lima siloka keur ngojayan sagara kahirupan, malah mandar bisa napak dina sagala ringkang kahirupan urang sékésélér Ki Sunda. Ngawengku diantarana : 


Kahiji kudu boga élmu saépi..... 

Kadua kudu bisa élmu napak sancang..... 

Katilu kudu  élmu kebal..... 

Kaopat kudu boga  élmu rawe rontek..... 

Kalima kudu boga élmu  halimunan.....


Anu ka unggeul dina éta lima siloka élmu kisunda téh ngandung hartos : 

Kahiji urang hirup kudu ngabogaan saépi. Lain harti urang kudu ngaji anu jauh bari teu katepi. Tapi anu dimaksad saépi dina éta siloka nya éta urang kedah saé pikiran kedah cerdas kedah inovatif ogé kedah kréatif..... 


Kadua napak sancang. Silokana lain harti urang kudu bisa napak disagara nu nyata da éta mah élmu luhung para wali anu ku urang mah hamo kaawakan. Janten anu dimaksad téh urang kudu bisa napak dina sagala kaayaan. napak disagala golongan. Ogé pami bahasa almukarom Pa Ustad. H Sodikin, S.Pd.I mah ahlakulkarimah..... 


Katilu urang kedah kebal, anu dimaksad sanés urang teu teurak kupakarang tapi urang kedah kuat pamadegan, teu luntur kaibunan teu la'as kahujanan panceg dina hiji kayakinan saur bahasa almukarom Pa Drs. K.H. Abdul Majid mah istikomah..... 


Kaopatna rawa rontek. Rawa rontek dina siloka ieu lain urang kudu bisa maot hirup deui, da urang mah manusa anu geus jelas perjalananana. Asalna ti teu aya... dikersakeun ku anu kagungan urang jadi aya tur bakal balik deui, teu aya asal timana ayeuna keur dimana terus badé kamana. Nyoko kana inna lillahi wa inna illaihi rojiuun. nya anu dimaksad rawa rontek dina siloka téh nyaéta urang kudu bisa ngahijikeun dulur-dulur anu keur pacengkadan atawa papaséaan..... 

Nya sakumaha anu geus ngabudaya keur urang ayeuna pirang-pirang urang tiasa silih simbeuhan ku kadeudeuh ku rupaning élmu pangaweruh da urang rumasa hirup téh henteu sampurna..... 


Kalimana urang kudu bisa halimunan. Halimunan dina siloka Ki Sunda lain harti urang kudu bisa ngaleungit tapi anu dimaksad téh urang kudu bisa nyumput buni dinu caang, bijil dinu poék anu hartosna urang ulah ujub ria jeung takabur. Anggur urang kudu bisa silih titipkeun diri dibarung ku silih asih ku pangarti, silih asah ku pangabisa, silih asuh ku pangaweruh. Insya Alloh hirup urang bisa hirup rukun babarengan. Paribasana ka cai jadi saleuwi, kadarat jadi salebak, ka cai daék mandi jeung susuci kadarat daraék sholat..... 


Cag heula sakitu éta pamendak Uwa tina 5 siloka élmu Ki Sunda tapi kadé salah harti jeung ngalarapkeunana da anu pasti mah tangtos tina qur'an sareng hadis..... ngan parandene kitu mugia we aya mangfaatna khusus keur dulur-dulurvjeung baraya-baraya Uwa urang Sunda nu boga budaya Sunda nu endah nu merenah nu titi rintih pinuh kududuga peryoga amis budi darehdeh soméah hadé ka sémah.....


Hampura mun téa pamendak Uwa salah poma ulah disalahkeun tapi benerkeun malah mandar sok sanajan datangna tina diloka mugia bisa jadi kajembaran hirup jeung huripna urang salaku manusa anu dibere kaleuwihan ti mahluk Alloh SWT anu séjénna nyaéta leuwihna manusa mah nyaéta di béré rasa..... atuh mugia kubogana rasa éta urang bisa boga rumasa jeung boga karumasaan. Anu disebut urang kudu bisa bersyukur anu lain sakadar ucapan tapi bisa jeung prakna dina rupaning urang bisa ngajaga ucap lampah paripolah jembar manah hampuraan deudeuhan welasan asihan sakumaha anu dicontokeun ku jungjunan urang kang jeung Nabi Muhammad SAW, jauh tina sifat sirik pidik jail kaniaya iren panastrén teukaopan teupayaan jeung sajabana naon rupa anu ngarana panyakit haté....


Mugia Gusti nu Maha Suci Alloh SWT salawasna ngariksa ngaraksa urang sadayana..... Aamiin Yaarobal Aalamiin..... 


Baktos Uwa (Koyaman). 

Di Saung Singkur.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Kaahéngan Jembatan Ciganéa Mobil Mindeng Tikusruk ka Jurang

  Mobil treuk tikusruk dii Jembatan Cigan éa, Jatiluhur, Purwakarta.* Laporan : Heri Purnomo Kaahéngan Jembatan Ciganéa Mobil Mindeng Tikusruk ka Jurang CIGANEA – Warta Sunda Nusantara, Jembatan Cilampahan, Ciganéa Kabupatén Purwakarta sering aya mobil tikusruk ka jurang. Keur mah di wewengkon éta mindeng kajadian. Ceuk sakaol mah éta téh aya nu ngageueuh. Malah ceuk kolot baheula tiap kendaraan nu kadinya kudu méré kode ngelaksonan tilu kali. Cirining masihan pennghargaan ka nu ngageugeuh jembatan éta.   Saperti ayeuna, poé Salasa (29/9/2020) mobil treuk tikusruk jam 07.35 WIB di jembatan Cilampahan – Ciganéa. Ngan untung Supir jeung Keneka salamet.   Nepika turun warta ieu can meunang hasil katerangan ti pihak korban sarta pihak kepulisian.*** Heri Purnomo

10 Imah Warga di Kp. Cisarua Désa Sukamulya, Tegalwaru Kabawa Angin

  PURWAKARTA – Warta Sunda Nusantara, Sapuluh imah milik warga Kampung Cisarua RW.02 RT.013 sarta RT.14 Désa Sukamulya Kecamatan Tegalwaru Kabupatén Purwakarta, poé Saptu (26/9/2020) keuna kamusibahan angin puting beliung, nu ngabalukarkeun imah warga ancur. Dina hal ieu mah teu aya korban jiwa tina musibah éta, lantaran wargana aya dilaluar imah.   Kajadian angin gedé éta datangna ti beulah kidul kira-kira 16.00 WIB. Musibah éta ngabalukarkeu kenteng-kenteng imah tur kai-kai penyanggah imahna ogé kabawa ngapung teu kuat nahan angin. "Kajadian lumangsung aya kana 10 menitan," kitu ceuk Sopandi (68) warga setempat ka Warta Sunda Nusantara, poé Ahad (27/9/2020).   Nurutkeun sumber, yén imah warga ancur akibat angin puting beliung éta diantrana imah 1. Bapa Sudirman kamar jeung dapur roboh, 2. Bapa Uud kentengna haliber, 3. Bapa Asép hateup dapur kabawa ngapung, 4. Bapa Denih ogé hateup imah katut kentengna ka bawa ngapung, 5. Bapa Tupiadi asbes kentengna ka bawa n...

Poé ieu : H. Suhaemi UPTD Manten Plered, Tilar Dunya

  Warta Sunda Nusantara, Innalilahi wainnailaihi rojiuun, Titis tulis Bagja diri, takdir teu bisa dipungkir, qodar teu bisa dipungpang, poé Ahad ieu, poé punungtung pikeun H. Suhaemi, S.Pd, M.Pd (Ka. UPTD Plered Manten) dina  ngambah Sagara Kahuripan di alam Dunya. Poé ieu Pa Haji Suhaémi mulang ka alam kalanggengan, nyungsi poé panjang anu sampurna.  Ngantunkeun dina dinten Ahad, ping 20 September 2020, jam 18.45 WIB, di RS. Bayu Asih Purwakarta. Mugia mulangna Almarhum sing dipapag ku kanyaahna Gusti nu murbeng alam, ogé mugia Gusti nu Maha welas tur Maha Asih, meresihan diri Almarhum. Tina Sagala dosa, malah mandar Almarhum cicing tumaninah Dina sawargana Alloh...... Aamiin yaarobbal Alamiin...