T O G É L
Ku : ASÉP ÉRI
#gambar ukur pamantes ti google
Lalampahan hirup geus béak déngkak, laku lampah teu katakar akal, hirup sagala dirumpak! Teu malire mana halal jeung haram, mana meunang jeung henteu! Lain teu inget pamali! Komo poho doraka! Lalakon lumampah geus kapalang edan! Teu kaitung lambaran-lambaran dosa dikotrét wanci, palid ngageuleuyeung jeung nyérélékna waktu, mingkin lila pangalaman lain leuwih nambah pangaweruh! Antukna ngajangélék jadi hiji kabiasaan goréng! Lain turutaneun! Sompral! Majar téh kagok doraka! Kagok dosa! Ku maranehna kabeh tempat geus didatangan, geus moal ngitung jarak nu disorang pikeun meakkeun kapanasaran! Urang kudu saged! Yakin bakal pinanggih bagja, hirup ku huripna iwal ti kieu jalan panggampangna! Kudu kapanggih pakaya! Urang udag nepi katungtung dunya! Tong leutik hate! Ahow méré sumanget ka Acéng jeung Apép nu mingkin tuhu jeung patuh nuturkeun kahayangna, teu kitu kumaha? Sababaraha kali karasa kadagingan, ngarasa direjekian tina milik nu ngarana togél! Tambah deui boga kayakinan jeung harepan pikeun hirup ngeunah ku cara gampang! Asal hiji saratna! Jadi jalma kudu tigin satia kana jangji nu geus diucapkeun ku diri séwang-séwangan, niatkeun rék ménta rejeki jaman kiwari! Rejeki jaman Now! Urang edankeun! Kirangbara bandar jadi bangkrut! Hahahhaaa....., Ahow saparakanca seurina leupas genah kacida.
Panganjreukan anyar jadi tempat bubumén Ahow saparakanca, Kabagjaan asa mingkin jejeg ajeg, jangkep basa Acéng boga iber yén di tempat nu ayeuna (di suku gunung) ieu aya karamat hadé pikeun ngetrukeun harepan jeung rumahuh jaman ayeuna.
Teu karasaeun dodoja mimiti nyiliwuri, waktu maju mangkatkeun teu pupuguh mobil ngagéléng ucing, aya kayakinan lamun nabrak ucing, eta mangrupa kila-kila goreng. Tapi Ahow teu percaya,"Jalan terus! Tibang ucing!
Nepi di tempat nu dituju nyata lalakon teu pungkas, Ahow poho meuli sasajén mangrupa daging atah, buhur jeung sarupaning bungbuahan, sabisa-bisa ulah nepi ka bacacar komo aya nu pohoteu kabawa! Jauh lalakon leumpang ka lokasi téh ulah lalawora! Apép jeung Acéng unggeuk, manehna duaan katingali tetep tigin, satia marengan sagigireun Ahow, "Pan nunutur hungkul kahayang Ahow lin? Da ukur kari daékna sabab itu jeung ieuna geus ditangkes pokona sagala ditanggung ku Ahow!
Singket waktu...., daatteur jeung kuncén opatan sing alabring muru tempat karamat, satengahing perjalanan ari gantawang téh Aceng nyarékan
Satengah perjalanan basa reureuh handapeun tangkal waru teu pupuguh Acéng kasurupan, awakna nu jangkung gedé ngadadak ngagibrig kasandingan, "Kalakuan maranéh teu bisa dihampura! ngarobéda rasa, nyasaak bathin taya euihna. Awak maranéh pinuh ku tatu lebér ku panyakit! Nu gering mah haté maraneh! Sadar sia téh! Panon Acéng burial buncelik. Gusti ....!" Teuing kaasupan jurig nahaon Acéng gogorowokan sedengkeun Ahow jeung Apép rikat rada ngajéngkat surti yén Acéng kaasupan nu ngageugeuh éta patempatan.
"Abah! Mamanawian ieu incu nyuhungkeun rejeki jaman kiwari, Ahow dumareda..., Apép gancang milu nyu'uh hareupeun Acéng, "Sumuhun Abaah ...! Ahow jeung Apép nyembah.
#hanca!

Komentar