Langsung ke konten utama

ANTAWIS SUJANG JEUNG YOUTUBER

 


ANTAWIS SUJANG JEUNG YOUTUBER

Ku : Asép Eri


"Sasajééénnnn ..., sasajéén ..., sasajénnn ... haréwos haroshos jurig bungkeuleukan geus 3 poé teu sirikna nunutur wae Sujang, tadina mah teu pati diwaro komo bari sok mantangul asa aing, ari diwaro pamentana araranéh, beuleum peda beureum téa, cai kalapa héjo téa, rurujakan téa, kopi pait jeung sajabana antukna kalah ngadoreksakeun, hutang di warung ngajedig urut unjak anjuk jeung laladang paménta jurig, dipikir deui mah mening hirup normal jiga batur teu boga kaleuwihan bisa ningali sabangsaning lelembutan, jurig jarian marakahayangan, lieur! Katambah hirup ngabujang teu boga pacabakan!

Geleber Nyi Kunti ninggalkeun dahan panumpian. Nyirorot muru nu keur ngariung handapeun caringin tukangeun astana tungtung lembur. Jamotrot. Paroman teu béda jeung nu geus araya di dinya, euweuh nu bérag.

“Meunggeus. Moal anggeus ku gudad-gadeud urusan kieu mah,” ceuk nu buukna cawigwig semu ngirung, pakéan teu matut, sarowéh bari pinuh ku japah.

“Ayeuna mah nu kudu dipikiran kumaha narékahanana sangkan manusa daek sieun jeung keueung deui ka bangsa urang! Ceuk nu beungeutna ruksak awak jiga leupeut dibakutet boéh, Pamanggih kuring mah cekék salah saurang jalma atawa urang marakayangan di lembur! Ganggu nu liwat! Asupan kabéh jalma nu kurang iman méh aya kasurupan masal! Ulah ngantep manéh! Kalakuan bangsa manusa geus leuwih édan batan bangsa urang! Tingali bangsa urang jadi hapa teu boga sima, euweuh nu sieun jeung ajrih ka bangsa urang! Éta wé lamun panggih jeung jurig ogé kalah katingali sok poporongos gancang ngucap paménta! Nomer togél téa lah, nasib téa lah, leuheung mun jeung sopan basa nu merenah! Jalma jaman now mah jiga tas neureuy seprit! Heueuh kitu na mah gara-gara youtuber nu sok maranggil ngemat bangsa urang! ... weuh kasopanan! Kalah silih beja! Angger da pada ngomongkeun satukangeun mah diditu loba jurig! Weuh nu ngahalargaan! Der kalah ditaréang! Life streaming téa! Uji nyali téa! Leuheung lamun urang mun dihalargaan mah ku bangsa manusa, pan rajeun nembongan panasaran meni derr kalah dipadaksa! Dikakalakeun! Antukna jadi bahan lalajoanan jalma réa!

Sahéng. Itu ieu pada-pada nembrakkeun pamanggihna. Saréréa ngarasa teu suka, komo pocong nu kajadian kamari sirahna disundutan petasan! Kunti nu bajuna jadi pungsat dua ramo alatan digunting ku youtuber! Bangsa manusa kiwari weuh kasieun! tara daraék amit atawa ijin leuwih jorok batan bangsa urang! Lamun pucan piceun runtah! Kiih sangeunahna! Sieun keneh ku Bank Émok jeung Kosipa dari pada ka bangsa dedemit mah! Kirang bara meré-méré sasajén! Atuh teu kituna meuleum-meuleum dupa atawa menyan bodas! Sok tibatan jaga dikakalakeun ku sabangsaning ririwa modél maranéhanana. Ayeuna mah sangeunahna nu ménta tulung suwung, komo nu nganteuran susuguh mah lapur pisan.

“Manusa ayeuna mah leuwih sieun ku Bang Émok jeung Kosipa tibatan ku kami!” Ceuk Nyi Kunti bari kurawed.

“Kieu wé atuh. Kumaha mun urang heureuyan sabangsaning manusa nu ipis imanna! Urang bagi tugas! Urang téangan kalemahan bangsa manusa! Urang cangkalak ku saréréa!” Ceuk nu cawigwig nyeuneu. “Kahayangna mun apaleun urang nu nyingkahkeunana mah manusa téh biluk deui ka urang. Ajrih deui ka urang.”

“Sapuk!” Saréréa réang panuju.

“Ké lanan, kumaha urang rék bisa nyangkalak éta manusa nu kandel iman? Panan Si Sujang mah mangkeluk masagi, katelah jawara kahot, sakur bangsa urang nu ngadeukeutan manéhna ogé ngadon taluk ka Si Sujang mah,” ceuk Nyi Kunti kawas nu bingung, sahéng deui bangsa jurig jeung dedemit nuluykeun rapatna.***

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Kaahéngan Jembatan Ciganéa Mobil Mindeng Tikusruk ka Jurang

  Mobil treuk tikusruk dii Jembatan Cigan éa, Jatiluhur, Purwakarta.* Laporan : Heri Purnomo Kaahéngan Jembatan Ciganéa Mobil Mindeng Tikusruk ka Jurang CIGANEA – Warta Sunda Nusantara, Jembatan Cilampahan, Ciganéa Kabupatén Purwakarta sering aya mobil tikusruk ka jurang. Keur mah di wewengkon éta mindeng kajadian. Ceuk sakaol mah éta téh aya nu ngageueuh. Malah ceuk kolot baheula tiap kendaraan nu kadinya kudu méré kode ngelaksonan tilu kali. Cirining masihan pennghargaan ka nu ngageugeuh jembatan éta.   Saperti ayeuna, poé Salasa (29/9/2020) mobil treuk tikusruk jam 07.35 WIB di jembatan Cilampahan – Ciganéa. Ngan untung Supir jeung Keneka salamet.   Nepika turun warta ieu can meunang hasil katerangan ti pihak korban sarta pihak kepulisian.*** Heri Purnomo

10 Imah Warga di Kp. Cisarua Désa Sukamulya, Tegalwaru Kabawa Angin

  PURWAKARTA – Warta Sunda Nusantara, Sapuluh imah milik warga Kampung Cisarua RW.02 RT.013 sarta RT.14 Désa Sukamulya Kecamatan Tegalwaru Kabupatén Purwakarta, poé Saptu (26/9/2020) keuna kamusibahan angin puting beliung, nu ngabalukarkeun imah warga ancur. Dina hal ieu mah teu aya korban jiwa tina musibah éta, lantaran wargana aya dilaluar imah.   Kajadian angin gedé éta datangna ti beulah kidul kira-kira 16.00 WIB. Musibah éta ngabalukarkeu kenteng-kenteng imah tur kai-kai penyanggah imahna ogé kabawa ngapung teu kuat nahan angin. "Kajadian lumangsung aya kana 10 menitan," kitu ceuk Sopandi (68) warga setempat ka Warta Sunda Nusantara, poé Ahad (27/9/2020).   Nurutkeun sumber, yén imah warga ancur akibat angin puting beliung éta diantrana imah 1. Bapa Sudirman kamar jeung dapur roboh, 2. Bapa Uud kentengna haliber, 3. Bapa Asép hateup dapur kabawa ngapung, 4. Bapa Denih ogé hateup imah katut kentengna ka bawa ngapung, 5. Bapa Tupiadi asbes kentengna ka bawa n...

Poé ieu : H. Suhaemi UPTD Manten Plered, Tilar Dunya

  Warta Sunda Nusantara, Innalilahi wainnailaihi rojiuun, Titis tulis Bagja diri, takdir teu bisa dipungkir, qodar teu bisa dipungpang, poé Ahad ieu, poé punungtung pikeun H. Suhaemi, S.Pd, M.Pd (Ka. UPTD Plered Manten) dina  ngambah Sagara Kahuripan di alam Dunya. Poé ieu Pa Haji Suhaémi mulang ka alam kalanggengan, nyungsi poé panjang anu sampurna.  Ngantunkeun dina dinten Ahad, ping 20 September 2020, jam 18.45 WIB, di RS. Bayu Asih Purwakarta. Mugia mulangna Almarhum sing dipapag ku kanyaahna Gusti nu murbeng alam, ogé mugia Gusti nu Maha welas tur Maha Asih, meresihan diri Almarhum. Tina Sagala dosa, malah mandar Almarhum cicing tumaninah Dina sawargana Alloh...... Aamiin yaarobbal Alamiin...