Assalamua’laikum
Wr. Wb.
Sampurasun.
Katumampian
lahir tumekaning batin, didastakeun ka pangkonan Illahi Rabbi Alloh SWT, Anu
Maha Maparinan Kakiatan sareng Maha Ngaijabah samudaya paneda mahlukna. Sholawat kamulyaan
dihaturkeun ka jungjunan Kangjeng Nabi Muhammad SAW mustikaning kamanusaan, salajengna
salam kahormatan dihaturkeun ka ahlul bait, para sahabat, mu’minin wal
mu’minat, miwah para ulama. Ka para sesepuh luluhur karuhun anu parantos
nyebarkeun ahlak Islami dugi ka urang tiasa nampi kani’matan Iman Islam anu
sagemblengna, hususna kanggo Bapa MAS GUNAWAN WALUYO rawuh rengrenganana nu
parantos ngarojong sim kuring tug dumugi tiasa midangkeun ieu tulisan mangrupi
papatah/piwuruk/pituah. Papatah para sepah anu parantos lumrah sareng piwuruk
sepuh anu parantos kacukcruk, ogé pituah-pituah para Bujangga anu malashur
jenengannana, atanapi anu diparentahkeun ku Agama sareng nu diwiridkeun ku
ahli-ahli kabathinan hususna, upami ku urang dilenyepan leres-leres, saleresna éta
téh wungkul pitutur kanggo ngahontal karahayuan, medarkeun kanggé cukang
puntanganeun kana kasalametan, saolah-olah kanggé pangenyed laku lampah anu teu
leres, kadali geusan ngamudi kanggo panggeuing pikir, ngaping kana ciri wanci,
bibit buit katartiban.
Satemenna upami ku urang
diperhatoskeun, teu aya sepah anu maparin papatah ka putra putuna supados
tigebrus kana jurang kacilakaan, moal aya sepuh anu maparin piwuruk ka putra
putuna supados ngapruk kana jalan anu teu leres, moal aya Bujangga anu medar
pituah nu teu aya mangpaatna,
Agama pon kitu deui medarkeun pituah-pituah téh teu aya sanés supados umat-umatna
jaranten jalmi anu saé.
Sawangsulna
saupami papatah anu lepat, piwuruk anu teu perlu, pituah anu teu aya gunana,
sanaos ti mana sumpingna ku urang teu kedah dijantenkeun angkeuhan, sumawonna
ku urang dianggo dipunjung dipuja. Sumangga lenyepan ieu lebet tulisan anu ku
Panulis diberendelkeun, nanging kedah disarengan ku kayakinan, ulah dugikeun ka
ngalain-lain anu enya, ngaenya-enya anu lain, leres sareng lepatna kantenan aya
dina lebet manah anu maos, mana anu hadé dianggap leres, sareng mana anu dianggap sanés Panulis
nyanggakeun sadaya-daya. Amit
sejaning unjuk uninga, rehing tulisan ieu dirakit dumasar kana rasa Panulis,
wujud sukur ka Nu Ngersakeun, Gusti
Alloh Nu Murbeng Alam, seja ngadugikeun
keretegna gerentes haté
anu mangrupi karyana rasa. Hasil tina teuteuleuman, guguar, kokoréh, panimu ti ki Timu
pamanggih ti ki Panggih, mulung muntah tina wadah runtah kahirupan manusa,
panemu ti nu ngalangkung dina jajantung, sasieureun sabeunyeureun manawi bahan
katampi kalayan aya mangpaatna kanggo urang sadaya, malar geusan jadi panungtun
tur pangjejer dina lumakuna lelengkahan hirup nambaan rasa kanyaah ka lemah cai
bali geusan ngajadi, bela ka bangsa, bela ka lemah cai, ngarawat tur ngarumat
budaya bangsa Indonésia,
sarta niat ngawawangian ka sarining lemah cai, malar jadi sambung lengkah,
sambung lemek, sambung rasa, keur nyambungkeun uga, ti kawit anu parantos aya
ti bihari mangrupi atikan budi pekerti. Sugan ngancik di kiwari geusan ngambah
ka supagi, ngalarapkeun élmu
buhun nu kiwari seueur nu teu ngarti. Sugan pareng ngajadi bahan ngajadi sari pikeun ngaji pangarti.
Amit tabepun, ieu tulisan anu diguar ngan sakadar dina gambar, anu dipedar
saukur nalar, piolaheun dina polah, pilakueun dina lampah muga larap jadi
tutur, jadi lisan pijalaneun tatapakan nu kungsi leungit dina aweuhan jalan anu
sakieu lamparna, nangtu dina kacindekan galur.
Panulis taya
maksad ngalalangkungan anu ti payun, sanés bade mayunan anu ti heula, sanés
bade ngantunkeun anu ti pengker, endog mapatahan Hayam, ngajar ngojay ka
Meri, etang-etang lauk buruk milu mijah,
mamanawian tiasa nyaketkeun anu tos tebih, ngalayeutkeun anu caket, tos layeut
urang paheutkeun, tos paheut urang pageuhkeun, tos pageuh urang silih
wangikeun ku kembang asih kadeudeuh.
Nu kungsi
dihandeuleumkeun, nu kungsi dihanjuangkeun urang cokot geusan teuleum, urang téang
geusan midang, nya midang di banjar karang, lebah paniisan bentang, nya bentang
anu baranang kagungan Nu Maha Wenang.
Tawis kanya’ah
sim kuring kana Budaya Sunda rawuh Kasusastraanana, etang-etang wasiat pangrumatkeun
ieu tulisan sing apik rawatan ieu aosan sing merenah, malah mandar tiasa awet
kaanggona kanggo nungtun ka putra putu, kanggo panggeuing pangaping ka
murangkalih supados teu tisoledat lampah, kalayan kagungan pamadegan nu panceg
nangtoskeun hiji putusan,
Wassalammua’laikum
wr.wb.
Rampes.
MAS GUNAWAN WALUYO (Alm)
Diropea : ANTO SUKANTO

Komentar