Gebray balébat énjing ieu, deudeuh...
Teu nyana mungkas lalakon hidep
Basa kujur nyangujur ngalér
Meureun kamari téh huap panungtungan
Cimata panganggeusan nu beueus beureum na tungtung kongkolak
Nineung nu nyeuit ras ka teuteup keudeu semu ceuleuyeu
Ngemu kasedih nu jadi rusiah
Hampura...hampura suuu Mamah teu surti
Kana kanyeri nu nyeseg na raga jeung ati anjeun
Pileuleuyan geulis kadeudeuh Mamah
#Nyegrukkkk,
Ratna Ning

Komentar