Langsung ke konten utama

PROGRAN DISDIK TATANÉN DI BALÉ ATIKAN DIPITEMBEYAN KU KORWIL 9 MANIIS

 PROGRAN DISDIK TATANÉN DI BALÉ ATIKAN

DIPITEMBEYAN KU KORWIL 9 MANIIS

 


“Tatanén diburuan kantor teu leupas tina karancagéan staké holdér dina ngagenah-genah kantorna ku pepelakan palawija jeung resikna kekembangan dina pot.”

 

MANIIS – Warta Sunda Nusantara,

G

ENAH tur tumaninahna kaayaan kantor tangtu dipikameumeut ku unggal pagawéna, saperti halna di Koordinator Wilayah (KORWIL) 9 Maniis – Tegalwaru poé Kemis (8/10/2020) geus ngayakeun kagiatan tatanén di balé atikan nu kiwari keur dimekarkeun ku Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta. Malah mandar ieu kagiatan minangka mitembeyan di buruan kantor UPTD Pembinaan TK/SD Pendidikan Kabupatén Purwakarta nu harita ayeuna robah ngaranna jadi KORWIL 9 Maniis Dinas Pendidikan Kabupaatén Purwakarta melak ku sarupaning palawija jeung ngahegarkeun ku kekembangan.

 

Éndahna buruan kantor nu dihiap ku pepelakan kayaning melak tatanén saperti palawija nu diantarana melak terong, suuk, sasin, kacang panjang, talés bogor katambah resikna ku kekembangan. Kitu ceuk Pengawas Bina SD sa-tatar Maniis (Korwil 9 Maniis widang atikan), H. Karim, S.Pd, M.M., ka Warta Sunda Onliné dirohangan gawéna (8/10/2020).

 


“Saméméh ka tiap SD, pihakna nyontoan heula ku mitembeyan pepelakan di kantorna saperti témbong dina gambar,” pokna H. Karim.

 

“Ditargetkeun tina pepelakan éta téh 3 (tilu) bulan kahareup bisa ka ala hasilna. Malahan tina panén tatanén éta téh, bilih aya warga sabudeureun hususna kulawedet atikan di wewengkonna ngahegkeun hasilna,” pokna deui.

 

Ku kituna, ieu kagiatan téh hasil karancagéan tur rojongan ti pihak ketua Korwil 9 Maniis – Tegalwaru nu dipupuhuan ku H. Isép Agus, S.Pd, M.Pd., sarta rojonga antara pihak PGRI Kecamatan Maniis (pupuhuna Nana Supyana, S.Pd, M.M.,), Kwarran Maniis (pupuhuna H. Akim, S.Pd, M.M.,), Koordinator Kepala Sekolah (K3S) Gugus I (pupuhuna Mulyana Sugiana, S.Pd, M.M.,), K3S) Gugus II (pupuhuna Éncéng, S.Pd, Ketua Gugus I (Mulyanto, S.Pd), Ketua Gugus II (Yayan Rusyana, S.Pd). Kituna ogé pagawéna saperti Pengelola Bos (Cucu Mulyani, S.Pd), Pengelola Kepegawaian (Anda Juanda) sarta Pengelola Aset/Sapras (Supyandi, S.Pd) milu aub dina pepelakan tatanén. 

 


Ditempat anu beda, Ketua Korwil 9 Maniis – Tegalwaru, H. Isép Agus, S.Pd, M.Pd., pihakna ngahaturkeun rewu-rewu ka para kepala sekolah katut rengrenganana nu parantos tiasa ngajalankeun program Disdik Kabupatén Purwakarta ngeunaan tatanén di balé atikan, sok sanajan nembé dicontoan di korwil 9.

 

Inyana miharep kapayuna diterapkeun disakolana sewang-sewangan hususna sa-tatar sakola di Maniis. “Tapi sabagian sakola mah aya nu parantos ngalaksanakeun, nilik tina masih kaayaan sasalad covid-19 ieu can sagemlengna ngalaksanakeun,” pokna Isép Agus ka WSO/WSN.

 

Sedengkeun data nu dikumpulkeun ku redaksi yén kiwari kantor Korwil 9 ieu téh jero kantorna tampil beda, nilik tina karancagéan rengrengan pagawé nu milu aub ngamémérés kantor ditata rohangannana, resik ku kekembangan dina pot.***  

 

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Kaahéngan Jembatan Ciganéa Mobil Mindeng Tikusruk ka Jurang

  Mobil treuk tikusruk dii Jembatan Cigan éa, Jatiluhur, Purwakarta.* Laporan : Heri Purnomo Kaahéngan Jembatan Ciganéa Mobil Mindeng Tikusruk ka Jurang CIGANEA – Warta Sunda Nusantara, Jembatan Cilampahan, Ciganéa Kabupatén Purwakarta sering aya mobil tikusruk ka jurang. Keur mah di wewengkon éta mindeng kajadian. Ceuk sakaol mah éta téh aya nu ngageueuh. Malah ceuk kolot baheula tiap kendaraan nu kadinya kudu méré kode ngelaksonan tilu kali. Cirining masihan pennghargaan ka nu ngageugeuh jembatan éta.   Saperti ayeuna, poé Salasa (29/9/2020) mobil treuk tikusruk jam 07.35 WIB di jembatan Cilampahan – Ciganéa. Ngan untung Supir jeung Keneka salamet.   Nepika turun warta ieu can meunang hasil katerangan ti pihak korban sarta pihak kepulisian.*** Heri Purnomo

10 Imah Warga di Kp. Cisarua Désa Sukamulya, Tegalwaru Kabawa Angin

  PURWAKARTA – Warta Sunda Nusantara, Sapuluh imah milik warga Kampung Cisarua RW.02 RT.013 sarta RT.14 Désa Sukamulya Kecamatan Tegalwaru Kabupatén Purwakarta, poé Saptu (26/9/2020) keuna kamusibahan angin puting beliung, nu ngabalukarkeun imah warga ancur. Dina hal ieu mah teu aya korban jiwa tina musibah éta, lantaran wargana aya dilaluar imah.   Kajadian angin gedé éta datangna ti beulah kidul kira-kira 16.00 WIB. Musibah éta ngabalukarkeu kenteng-kenteng imah tur kai-kai penyanggah imahna ogé kabawa ngapung teu kuat nahan angin. "Kajadian lumangsung aya kana 10 menitan," kitu ceuk Sopandi (68) warga setempat ka Warta Sunda Nusantara, poé Ahad (27/9/2020).   Nurutkeun sumber, yén imah warga ancur akibat angin puting beliung éta diantrana imah 1. Bapa Sudirman kamar jeung dapur roboh, 2. Bapa Uud kentengna haliber, 3. Bapa Asép hateup dapur kabawa ngapung, 4. Bapa Denih ogé hateup imah katut kentengna ka bawa ngapung, 5. Bapa Tupiadi asbes kentengna ka bawa ngapu

Poé ieu : H. Suhaemi UPTD Manten Plered, Tilar Dunya

  Warta Sunda Nusantara, Innalilahi wainnailaihi rojiuun, Titis tulis Bagja diri, takdir teu bisa dipungkir, qodar teu bisa dipungpang, poé Ahad ieu, poé punungtung pikeun H. Suhaemi, S.Pd, M.Pd (Ka. UPTD Plered Manten) dina  ngambah Sagara Kahuripan di alam Dunya. Poé ieu Pa Haji Suhaémi mulang ka alam kalanggengan, nyungsi poé panjang anu sampurna.  Ngantunkeun dina dinten Ahad, ping 20 September 2020, jam 18.45 WIB, di RS. Bayu Asih Purwakarta. Mugia mulangna Almarhum sing dipapag ku kanyaahna Gusti nu murbeng alam, ogé mugia Gusti nu Maha welas tur Maha Asih, meresihan diri Almarhum. Tina Sagala dosa, malah mandar Almarhum cicing tumaninah Dina sawargana Alloh...... Aamiin yaarobbal Alamiin...