Langsung ke konten utama

Ngabuburit Poè ka Lima di Statsion Plèrèd

kagiatan romadhon “NGABUBURIT” yèn patalimarga di dèsana dijadikeun tempat wisata kuliner tèh nilik tina Pasar Plrèrèd jadi kuliner lima taun katukang. Malahan jalur ieu dipakè tempat tajil ngabuburit unggal taunna dina bulan romadhon."

PURWAKARTA – www.wartasunda.onlinè,

STATSION Plèrèd lian ti tempat pangjugjugan ti para wisatawan, ogè tempat wisat kuliner, komo dina bulan romadhon ieu. Saperti halna redaksi luha-loho ngabuburit di statsion Plèrèd poè ka lima romadhon.

Kaayaan patalimarga ti mimiti waktu wanci tunggang gunung (16.00 - 17.00 WIB) nepika wanci èrang-èrang (17.30 – 18.00 WIB) antara patalimarga ti Cianting mula geus katingali macetna tepika lokasi wisata kuliner Statsion Plèrèd. Ti mimiti gerbang Dèsa Babakansari Kecamatan Plèrèd, nu ngadon ngabuburit geus dibagèakeun ku pemandangan tukang dagang geus ngajajar deuket erel kareta api tepi ka tungtung.

Tèmbong sagala kadaharan ti mimiti ngaran dahareun keur budak tur keur kolot. Poma kadaharan nu dipikaresep ku budak mah pada moro ku nu ngadon ngabuburit, saperti halna tukang siomay nalika diwawancaraan ku redaksi.

Wastana Engkus (37), urang Dèsa Liunggunung ngahaja jualan siomay di wisata kuliner Plèrèd utamana mah dina bulan puasa ieu geus uggal taun jualan. Dina poèan puasa ka lima, Engkus tina hasil jualan siomay èta beubeunangan sapoèna aya kana 300 rebu, nu ngawengku modalna 170 rebu, bersihna 130 rebu.

Disageengeun èta, redaksi ningali sesedek milu ngamera kondisi patalimarga Dèsa Babakansari, tèmbong motor-mobil pabuis jeung nu ngabuburit, antukna tugas karang taruna ngatur patalimarga èta. Dina liputan èta, pihak perwakilan Karang Taruna Dèsa Babakansari ngajelaskeun kaayaan patalimargana.

Perwakilan Karang Taruna, wastana Conang (32) nu milu ngatur asup-kaluarna kendaraan mobil-motor ngajelaskeun yèn tempat parkirna tèh aya opat titik nu dilola tèh. Lian ti èta harga tiket parkirna tèh per motor Rp. 2.000 perak. Keur mobil mah 5.000 perak. Tina karcis parkir èta, pihak karang taruna nyisihkeun keur linmas Dèsa Sindangsari.

“Tina sisi keamanan pengunjung, pihak karang truna ngalibetkeun rekan-rekan anggotana ilu biung dina ngatur tur ngajaga tempat ngabuburit,” poknna Conang.

Dina kasempetan èta ogè, Kepala Dèsa Babakansari, Yaya Sunarya ka www.wartasunda.onlinè ngeceskeun ngeunaan kagiatan romadhon “NGABUBURIT” yèn patalimarga di dèsana dijadikeun tempat wisata kuliner tèh nilik tina Pasar Plrèrèd jadi kuliner lima taun katukang. Malahan jalur ieu dipakè tempat tajil ngabuburit unggal taunna dina bulan romadhon.

“Jajanan tajil ieu pihak pedagang ngajual rinneka kadaharan husus bulan romadhon saperti kolek, bandros, siomat, sosis bakar, Jasuke, Cilor, Batagor, baso bakarjeung nu liana, malahan icon Sate Marangi ogè jadi jugjugan wisatawan local jeung mancanagara,” pokna Yaya.

Nu jadi kareueusna dina ngabuburit di wilayah kerjana, pihak Karang Taruna na sapuk ngilu aub dina ngamankeun jalur patalimarga tina urusan perparkiran pengunjung, urusan meta-metakeun para pedagang ogè keamanan pengunjung sangkan tong nepika cilaka. “Malah mandar ti mimiti gerbang Jembatan Gonggo, pihak Linmas geus siap sadia tina jalur nu aman. Kituna ogè pihakna ngarasa ka bantos ku Karang Taruna tina keamanan ngokolakeun sarana parkir kendaraan disadiakeun opat titik. Kajaba tina lading parkrr èta, nyisihkeun keur anggota linmas kanggo jaga piket malam,” pokna Kadès Babakansari mungkas wangkongan jeung Warta Sunda Onlinè, poè Ahad ping 17/4/2021 di Statsion Plèrèd, Purwakarta, Jawa Barat, Indonèsia.

Sedengkeun ceuk salahsaurang pengunjung, wasta Jajang, warga Batujajar Dèsa Sukatani, Purwakarta, dirina jajap istri jeung anakna ngabuburit di wewengkon Dèsa Babakansari, Plèrèd ieu sering, malahan unggal poè. Lantaran seueurna jajanan tajil. "Ngan anjeunna kumalasepa ku jalur ti Cianting mula nepika lokasi wisata tajil ayeuna tambah macer," pokna.***

Tim Redaksi : A.Mugian/AS.*

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Kaahéngan Jembatan Ciganéa Mobil Mindeng Tikusruk ka Jurang

  Mobil treuk tikusruk dii Jembatan Cigan éa, Jatiluhur, Purwakarta.* Laporan : Heri Purnomo Kaahéngan Jembatan Ciganéa Mobil Mindeng Tikusruk ka Jurang CIGANEA – Warta Sunda Nusantara, Jembatan Cilampahan, Ciganéa Kabupatén Purwakarta sering aya mobil tikusruk ka jurang. Keur mah di wewengkon éta mindeng kajadian. Ceuk sakaol mah éta téh aya nu ngageueuh. Malah ceuk kolot baheula tiap kendaraan nu kadinya kudu méré kode ngelaksonan tilu kali. Cirining masihan pennghargaan ka nu ngageugeuh jembatan éta.   Saperti ayeuna, poé Salasa (29/9/2020) mobil treuk tikusruk jam 07.35 WIB di jembatan Cilampahan – Ciganéa. Ngan untung Supir jeung Keneka salamet.   Nepika turun warta ieu can meunang hasil katerangan ti pihak korban sarta pihak kepulisian.*** Heri Purnomo

10 Imah Warga di Kp. Cisarua Désa Sukamulya, Tegalwaru Kabawa Angin

  PURWAKARTA – Warta Sunda Nusantara, Sapuluh imah milik warga Kampung Cisarua RW.02 RT.013 sarta RT.14 Désa Sukamulya Kecamatan Tegalwaru Kabupatén Purwakarta, poé Saptu (26/9/2020) keuna kamusibahan angin puting beliung, nu ngabalukarkeun imah warga ancur. Dina hal ieu mah teu aya korban jiwa tina musibah éta, lantaran wargana aya dilaluar imah.   Kajadian angin gedé éta datangna ti beulah kidul kira-kira 16.00 WIB. Musibah éta ngabalukarkeu kenteng-kenteng imah tur kai-kai penyanggah imahna ogé kabawa ngapung teu kuat nahan angin. "Kajadian lumangsung aya kana 10 menitan," kitu ceuk Sopandi (68) warga setempat ka Warta Sunda Nusantara, poé Ahad (27/9/2020).   Nurutkeun sumber, yén imah warga ancur akibat angin puting beliung éta diantrana imah 1. Bapa Sudirman kamar jeung dapur roboh, 2. Bapa Uud kentengna haliber, 3. Bapa Asép hateup dapur kabawa ngapung, 4. Bapa Denih ogé hateup imah katut kentengna ka bawa ngapung, 5. Bapa Tupiadi asbes kentengna ka bawa ngapu

Poé ieu : H. Suhaemi UPTD Manten Plered, Tilar Dunya

  Warta Sunda Nusantara, Innalilahi wainnailaihi rojiuun, Titis tulis Bagja diri, takdir teu bisa dipungkir, qodar teu bisa dipungpang, poé Ahad ieu, poé punungtung pikeun H. Suhaemi, S.Pd, M.Pd (Ka. UPTD Plered Manten) dina  ngambah Sagara Kahuripan di alam Dunya. Poé ieu Pa Haji Suhaémi mulang ka alam kalanggengan, nyungsi poé panjang anu sampurna.  Ngantunkeun dina dinten Ahad, ping 20 September 2020, jam 18.45 WIB, di RS. Bayu Asih Purwakarta. Mugia mulangna Almarhum sing dipapag ku kanyaahna Gusti nu murbeng alam, ogé mugia Gusti nu Maha welas tur Maha Asih, meresihan diri Almarhum. Tina Sagala dosa, malah mandar Almarhum cicing tumaninah Dina sawargana Alloh...... Aamiin yaarobbal Alamiin...