Carpon
NYANDUNG
Yasana :
Darajat Tisnawijaya
“Cunduk
kana waktu ninggang kana mangsa, kuring blak-blakan ka patih goah. Derekdek ti
A tepi ka Z-na dijentrékeun, yén boga karep arék nyandung téa. Malahan
dibejakeun yén pihak kolotna ogé satujueun cekeng téh.
Na...
da éta mah... jawaban jeung réaksi ti patih goah, teu, teu sangka téa, sugan
téh rék ngambek, ih da kalahka leuleuy alias tenang. Lamun ceuk istilah “Kawih
Sunda” mah :
Laras
Pelog Gerakan
: Anca
1
= Tugu / Barang .......
K |
arek ogé opat baris nulis téh, ti tukangeun torojol
téh patih goah. Nyerat naon deui Pap? Sakapeung mesem, sakapeung kerung,
ditingal-tingal ti kaanggaangan téh? Cenah.
Éta téh
dina simpena peuting, ogé dina laras atawa nada Pelog lamun ceuk “Kawih Sunda”
mah, heuy deuh. Arapaleun henteu nya!!! Guru-guru
kiwari kana laras Pelog, kana laras Salendro, kana laras Madenda, kana laras
Mandalungan? Pang-pangna guru-guru SLTP/A, boh Umum boh Kejuruan, boh Negeri
boh Partikulir/Swasta? Deudeuh teuing “Pentatonik” nasib anjeun, kaasup Juragan
Penilik Kebudayaan-nana, ogé Waditra-na/Intrumen-na.
Da éta atuh yang terhormat
Juragan Kurikukulum anu kitu téa mah, abong-abong seiring dengan majunya jaman, ganti Menteri ganti sagalarupana,
heuy deuh deui baé, ahirna apan cacag nangkaeun…
Teu
buru-buru dijawab, ngan dina hate: Dasar alumni Sastra Francis, panon téh mani
seukeut pisan, lain Bantara lain, tapi Laksana panon Soldadu waé, basa dina
waktu mancén tugas TRIKORA/DWIKORA, cekeng téh.
Barang
dilieuk
patih goah téh geus euweuh, tapi teu lila torojol deui bari mawa cikopi hideung
jeung roko djisamsu-na.
Ngartikeun pisan patih goah mah kana naon-naon anu ku kuring dipigawé téh, ceuk
legegna mah boh formalna boh non formalna. Kitu deui kuring sarua, silih
kanyahokeun dina sagala hal téh, komo dina umur anu geus sariak layung, keur
picontoeun anak incu nu alusna.
Masih
dina simpena peuting, ogé dina laras Pelog. Kumaha lamun Papih nulis carpon téh
judulna Extrim? Maksad Papih? Cenah. Rék ngomong téh asa-asa aya ari
kasieun mah, tadi téa ma’lum ku patih goah, heuy deuh deui baé.
Kieu
maksud Papih téh, judulna téh : Nyan…Nyan…
Nyandung, cekeng téh, bari asa-asa éta téh. Na… da éta mah ari celengkeung
téh Up to you, emang masalah dengan lho?
Bari maledog ku imut éta téh. Teuing ari jero-jerona mah, ngajebak boa,
dihenteu-henteu ogé patih goah téh S1 wedalan beh ditu alias Dra, lain S.Pd…
Ngemplong
weh pipikiran téh, ongkohna da ieu mah apan carpon jero hate téh, heuy deuh
deui baé.
Anu
ngaranna nyandung téh rupa-rupa. Aya nyandung tani bari dagang, kuli bari tani,
kuli bari dagang. Ari nyandung anu biasa mah nyaéta boga pamajikan leuwih ti
hiji, kitu pan? Ieu pisan rencana kuring téh.
Ari
pakasaban kuring téh kuli bari dagang, ari ahir-ahir ieu mah jual beuli tanah
sok sanajan ngan ukur calo. Atuh dina prakna teu nitih sataun sakali, anu
maksud meuli atawa ngajual, ngan sakalina aya teu wudu batina, cukup keur
ukuran kuring mah. Atuh hasilna disetorkeun ka patih goah, malah legegna mah
maké
heug ditabungkeun sagala disala
sahiji bank, ingetan téh sampeureun engké jaga.
Éstuning
ngahénang-ngahening imah-imah téh, budak karék hiji, atuh imah, sawah, balong,
kebon, kaasup kendaraan leutik-leutik ogé aya. Tadi téa keur engké jaga lamun
tanaga geus suda.
Kurang
leuwih nincak kana lima taunnan jual beuli tanah téa, kuring kadatangan ku Ki
Sobat, jaman keur kuliah baheula, aéh bareto
di Jakarta. Nerangkeun yén dununganana merelukeun tanah anu puluhan héktar,
cenah mah keur peternakan sapi.
Jero
hate, ceuk istilah Karawang: “Et deh,
ieu pisan nu didago-dago téh, ilok arék diantep,“ atuh Ki Sobat ngahaja sina ngendong, sono
ongkoh lila teu amprok.
Ngobrol
soal tanah téa, diteruskeun kana hal-hal mangsa kalarung anu mo kalakon deui,
mangsa keur babarengan kuliah di Jakarta téa, atuh beuki pogot baé. Ti mimiti perpeloncoan, nepika amprok jeung
manéhannana, paribasana, étanana, anu kiwari geus jaradi patih goah
masing-masing, heuy deuh deui baé, nepika mangsa mempertahankan naon anu
disebut skripsi teu tinggaleun,
lengkep sagalana.
Anu
pangramena mah keur ngadongéngkeun tadi téa, mimiti mitembeyan paamprok jeung
“Si Dia”. Keur mah eukeur ku kolot can dikirim RAPBD, heuy deuh deui baé,
katurug-turug tugas-tugas ti berbagai dosén jumlahna merul, diatas kalkulator
ceuk jurusan ekonomi mah. Sedengkeun naon anu disebut “Apel” mah, fardu apan…
Jaba béda jurusan kuliah téh “Si
Dia” mah nyokot Sastra Francis, sarua “Si Dia” Ki Sobat ogé, ari kuring jeung
Ki Sobat mah nyokot jurusan Ciliwung, heuy deuh deui baé, pan teu nyekrup dina
sagalana, uyuhan bogoh nya ceuk kuring ka Ki Sobat.
Mana
horéng patih goah geus aya gigirireun, bari mawa baki dieusian ku cikopi
lengkep jeung dulur misanna, alias sepupuna alias deungeunna, heuy deuh deui
baé.
Celengkeng
téh ngomong: “Papih, kade hilap, Please
help me i’am foling in love will you,” cenah. Atuh ger tiluan
téh sareuri, nepika cikopi téh barahe, heuy deuh deui baé. “Ma’lum tadi téa,
patih goah téh apan jurusan Sastra Francis, cekeng téh,” atuh deui-deui
sareuri, persis
anu keur nyanyi susul menyusul téa alias cannon, nepika nyeri kulit
beuteung.
Éta
obrolan téh ahirna mah jadi tiluan, tur tamat nepika wanci janari, awahing ku
sono téa. Isukna Ki Sobat mulang, muru ka kota rék laporan ka dununganana.
Méméh miang téh, biasa sasalaman bari dumareuda, ceuk barudak ngora mah kieu
meureun : “Dibarengi oleh air mata yang
berlaning-laning, bahken jatuh berderai,” heuy deuh deui baé.
Heuleut
sabulan ti harita kurunyung Ki Sobat katut rombonganana daratang. Atuh
saterusna aras-urus, akar-ukur tanah téa, jeung pihak nu wajib, ahirna sagala
bérés. Pendek carita car lancar res beres ta
ieu, atuh batina
lumayan, komo meureun lamun kuring curang kawas nu séjén mah, maén tilep téa,
tada teuing lobana bati téh. Tapi da tadi téa kuring mah éstuning dipahing
pisan, lantaran sieun téa. Teu ria kawas batur, ceuk Pramuka mah suci dalam pikiran perkataan dan perbuatan.
Atuh duitna dititipkeun di bank, malah rekeningna ogé maké ngaran patih goah.
Geus
kitu kuduna meureun, jual beuli tanah téh kalakah jadi resep, berkah panggih
jeung kamajuan dina usaha téh. Teuing geus sabaraha ratus héktar boa anu geus
digarap téh, teu aya halangan-harungan, berkah dibéré kalancaran, sanajan
diwewengkon pasisian.
Nincak
dina kudu aya lalakon anyar meureun, naha atuh ditengah-tengah keur majuna
usaha téh, ana... jorojoy téh maké jeung hayang ngalaksanakeun sunat Nabi alias
nyandung sagala.
Ari
anu dipikahayang téh nyaéta mojang anu atah kénéh, urang pasisian, anu
kahirupanana téh sing sarua asli, umurna ogé bédana 40 taun, heuy deuh deui
baé.
Poé
ka poé, minggu ka minggu, anu dipikiran téh lain gawé, tapi manéhanana, mojang
pasisian téa, urang sebut Si Nyai baé. Malah sakapeung mah kaleuleuwihi, maké
heug curat-coret kawas nu ngora, “didadaku
ada kamu, aku lahir hanya untukmu”, heuy deuh deui baé, malahan mah direka
ku kata-kata anu Manggalasastra, ah pokona “comloude”
wéh... Ieu meureun naon anu disebut beger mindo téh.
Cunduk
kana waktu ninggang kana mangsa, kuring blak-blakan ka patih goah. Derekdek ti
A tepi ka Z-na dijentrékeun, yén boga karep arék nyandung téa. Malahan
dibejakeun yén pihak kolotna ogé satujueun cekeng téh.
Na...
da éta mah... jawaban jeung réaksi ti patih goah, teu, teu sangka téa, sugan
téh rék ngambek, ih da kalahka leuleuy alias tenang. Lamun ceuk istilah “Kawih
Sunda” mah :
Laras
Pelog Gerakan
: Anca
1
= Tugu / Barang
Malahan
mah ngajurung, basana téh : “Papih cenah, ari abdi mah pangawak istri, dulang
tinandé, ongkoh da dina aturanana kanggo pameget mah wenang apan dugika opat
ogé”, anu tinangtos ngalangkungan rupi-rupi persaratan. Mangga téh teuing Papih
badé ngawayuh mah, sarupi baé ti abdi mah, cenah, pamugi Papih sing adil. “Dina haté : Ari sugan téh serahkeun aing anjing, teu...”
Ngan
sakitu-kituna ngomongna téh, bari dina kaayaan marahmay bari terus neuteup ka
kuring.
Atuh
otomatis kuring sajabana ti atoh téh, samar polah, ngan gabrug baé ditangkeup
ku kuring patih goah téh, bari dareuda kuring ngomong : “Mamih... nuhun, ogé
hampura Papih nya”, Papih arék saadil-adilna cekeng téh, ngan sakitu-kituna
omongan kuring téh.
Dina
waktuna kuring ngarangkep ka Si Nyai mojang pasisian téa. Kawin sederhana baé,
ngajaga hal-hal anu teu dipikarep. Atuh saterusna rumah tangga téh sakumaha
biasa, diatur saadil-adilna. Kabeneran deui nu kolot jeung nu ngora téh teu aya
pacogrégan naon-naon éstuning akur. Boro-boro batur, kuring ogé anéh, pan nu
séjén mah loba kacaritakeun.
Sajeroning
nyandung tilu taun, berkah boga anak hiji ti Si Nyai téh. Ngan nincak kana opat
taunna, mimiti aya gangguang tehnik. Anu mingkin dieu mingkin atra, boh beurangna
boh peutingna. Ceuk rarasaan mah kurang kumaha adilna. Ceuk balaréa Akang mah
tiasaan, kabita cenah, kaditu-kadieu téh toogther
baé cenah, ku akurna, ceuk basana téh.
Singhoréng
sumberna téh ti kolotna Si Nyai pisan kagoréngan téh. Bari ku rupa-rupa cara,
ku rupa-rupa siasat, nepika aparat désa ogé dipuntangan, dijieun alat keur
misahkeun kuring jeung Si Nyai téa. Ari kuring da lalaki téa, dikitu-kitu
teuing mah nya dalah dikumaha. Malah ceuk tatangga ogé yén kolotna Si Nyai téh
jahat. Atuh ninggang di Si Nyai budak kénéh, ceuk legegna mah labil, tur tuhu ka nu jadi kolot.
Bingung wéh, padahal duriat mah nganteng pisan, sok sanajan kuring téh TOP (tua ompong péot), ari pangaboga
mah leutik-leutik ogé nyampak, atuh buuk hideung kénéh can ka bentar ku gelap,
awak jag-jag kénéh, heuy deuh deui baé.
Kalawan
dipikir dibulak-balik, nya ahirna dina hiji kasempetan beurat-beurat ogé kuring
téh kalayan disaksian ku kolotna rék masrahkeun Si Nyai. Atuh réaksi Si Nyai
moal bisa dituliskeun dina ieu carpon, da panjang teuing, heuy deuh deui baé.
Sabalikna pihak kolotna ih damang we, teu
riuk-riuk sedih anjing téh, dasar penjahat bagong téh.
Cumarita
téh ngan sapuluh menitan, siga anu ngobrol biasa baé, cacakan éta téh momen anu
sakitu pentingna. Réaksi Si Nyai pikarunyaeun pisan, tadi téa keur meumeujeuhna
sono bogoh kari-kari dipungkas duriat pisan, ceuk sajak mah duh... diri...
Keur
saheulaanan mah budak tetep ku Si Nyai, ongkoh leutik kénéh,
kawajiban-kawajiban tiap bulanna dicumponan sakumaha mistina, kajaba hal-hal
palebah toogether mah tidak boleh
banget, heuy deuh deui baé, atuh guna kaya diserenkeun kabéhanana.
Heuleut
opat bulan tiharita, aya béja, Si Nyai téh dikawin ku dunungan Ki Sobat téa,
rame pisan cenah perkawinanana téh, ngan cenah dijieun nomér ka dalapan.
Ngan
dua poé cenah aya dilemburna téh, da terus dibawa ku salakina anu bau tikotok
hayam téa, ka lemburna di Semarang, heuy deuh deui baé. Anu leuwih kaget deui
mah, karek ogé nepika Ciberon, mobilna tabrakan cenah, panumpangna nyaéta Si
Nyai jeung salakina maraot ditempat cenah.
Deudeuh
teuing Nyai, hampura Pipah aéh Aa, hidep korban ku dua ku tilu...***
Cag.
Pasisian
Jatiluhur, 10/12/2020.*
Komentar