Langsung ke konten utama

PAW Pemilihan Ketua RT.013/003 Désa Anjun Sistem Demokrasi.

Para pamilon bakal calon Pinilih Ketua RT.013/RW.003 Désa Anjun Kecamatan Paléréd Kabupatén Purwakarta, nomor urut. 1.OTONG. 2.IHAT. 3.UNANG. 4.IMAS. sarta norut 5.AGUS MUSLIM.*

PALÉRÉD - Warta Sunda Nusantara,

K

aparigelan Pamingpin di tingkat handap, leuwih dianti-anti ku warga masarakat. Lantaran tina urusan kapentingan nagara pikeun ditepikeun deui ka wargana hususna pakuat-pakait bantuan ti pamaréntah sok pangheulana nu ilu biungna téh.

Dina hal ieu mah, Désa Anjun Kecamatan Paléréd di Kampung Lio RT.003/RW.003 parantos ngalumangsungkeun kagiatan Pergantian Antar Waktu (PAW) Pemilihan Ketua RT.013/003 Désa Anjun ku Sistem Demokrasi. Kitu cek Ketua RW.003 Ma’sum ka Warta Sunda Nusantara, Ahad, (18/10/2020) sabada Pemilihan Ketua RT.013.

Nurutkeun panitenan redaksi dilapangan, yén katempo 5 urang bakal calon Ketua RT.013 diuk ngarendeng keur unjuk pangabisa sangkan kataji ku 160 urang hak pilih di tingkat RT. Saperti diantarana para bakal calon Ketua RT.013 éta luyu sareng nomér urut nu ngawengku diantarana nomér urut. 1.OTONG 2.IHAT, 3.UNANG, 4.IMAS, sarta norut 5.AGUS MUSLIM. 

Dina kasempetan éta, Ketua Panatacalagara, Suhendi nyebutkeun yén PAW Pemilihan Ketua RT.013 ieu téh sacara sistem demokrasi. Kahayang para warga masarakat. Tina mangsa 2019-2024 ieu, Ketua RT.013 téh, ketua RT na digentos ku cara system demokrasi. Malah mandar parantos ngahasilkeun pinilih Ketua RT.013 nyatana IMAS nomér urut 4 jadi mupuhuan RT.013, tina opat kandidatna téh, Imas norut 4 meunang sora 31 urang, Norut 1 (Otong Wahyu) meunang sora 30 urang, Norut 5 (Agus M) meunang sora 26 urang, Norut 3 (Unang S) meunang sora 24 urang sarta Norut 2 (Ihat Solihat) meunang sora 21 urang.

Tina jumlah 135 urang hak pilih di Kampung Lio RT.013/RW.003 jumlah hak pilih nu hadir téh, Hak Pilih Lalaki : 44 Urang, Hak Pilih Awéwé : 80 urang sarta nu teu hadir aya kana 3 urang.

Lain halna ceuk Dusun II : Dedi Mardiana, ngabenerkeun yén Désa Anjun Kecamatan Paléréd di Kampung Lio RT.003/RW.003 parantos ngalumangsungkeun kagiatan Pergantian Antar Waktu (PAW) Pemilihan Ketua RT.013/003 Désa Anjun ku Sistem Demokrasi.

Sedengkeun ceuk salasaurang warga Iis Suherni (32), dina pemilihan ketua RT ieu, aman tur lancar ti mimiti jam 07.30 WIB warga RT.013 antusias milu nyarolok tur nangtukeun pilihanna masing-masing nepika jam 11.59 WIB.

Ceuk Imas nu kapercaya ti wargana pikeun mupuhuan, inyana rék ngutamakeun warga nu teu mangpu tina sagala bantuan ti pamaréntah. “Malahan ka wargana ngemis du’a, sangkan dina mancén gawéna aya dina rido Alloh SWT tur dipasihan sehat jasmani kalayan lancar,” pokna.

Acara éta ogé dihadiran ti bamusdés Anjun, Babinmas, tokoh masaraka. ***

A.Mugian/AS


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Kaahéngan Jembatan Ciganéa Mobil Mindeng Tikusruk ka Jurang

  Mobil treuk tikusruk dii Jembatan Cigan éa, Jatiluhur, Purwakarta.* Laporan : Heri Purnomo Kaahéngan Jembatan Ciganéa Mobil Mindeng Tikusruk ka Jurang CIGANEA – Warta Sunda Nusantara, Jembatan Cilampahan, Ciganéa Kabupatén Purwakarta sering aya mobil tikusruk ka jurang. Keur mah di wewengkon éta mindeng kajadian. Ceuk sakaol mah éta téh aya nu ngageueuh. Malah ceuk kolot baheula tiap kendaraan nu kadinya kudu méré kode ngelaksonan tilu kali. Cirining masihan pennghargaan ka nu ngageugeuh jembatan éta.   Saperti ayeuna, poé Salasa (29/9/2020) mobil treuk tikusruk jam 07.35 WIB di jembatan Cilampahan – Ciganéa. Ngan untung Supir jeung Keneka salamet.   Nepika turun warta ieu can meunang hasil katerangan ti pihak korban sarta pihak kepulisian.*** Heri Purnomo

10 Imah Warga di Kp. Cisarua Désa Sukamulya, Tegalwaru Kabawa Angin

  PURWAKARTA – Warta Sunda Nusantara, Sapuluh imah milik warga Kampung Cisarua RW.02 RT.013 sarta RT.14 Désa Sukamulya Kecamatan Tegalwaru Kabupatén Purwakarta, poé Saptu (26/9/2020) keuna kamusibahan angin puting beliung, nu ngabalukarkeun imah warga ancur. Dina hal ieu mah teu aya korban jiwa tina musibah éta, lantaran wargana aya dilaluar imah.   Kajadian angin gedé éta datangna ti beulah kidul kira-kira 16.00 WIB. Musibah éta ngabalukarkeu kenteng-kenteng imah tur kai-kai penyanggah imahna ogé kabawa ngapung teu kuat nahan angin. "Kajadian lumangsung aya kana 10 menitan," kitu ceuk Sopandi (68) warga setempat ka Warta Sunda Nusantara, poé Ahad (27/9/2020).   Nurutkeun sumber, yén imah warga ancur akibat angin puting beliung éta diantrana imah 1. Bapa Sudirman kamar jeung dapur roboh, 2. Bapa Uud kentengna haliber, 3. Bapa Asép hateup dapur kabawa ngapung, 4. Bapa Denih ogé hateup imah katut kentengna ka bawa ngapung, 5. Bapa Tupiadi asbes kentengna ka bawa ngapu

Poé ieu : H. Suhaemi UPTD Manten Plered, Tilar Dunya

  Warta Sunda Nusantara, Innalilahi wainnailaihi rojiuun, Titis tulis Bagja diri, takdir teu bisa dipungkir, qodar teu bisa dipungpang, poé Ahad ieu, poé punungtung pikeun H. Suhaemi, S.Pd, M.Pd (Ka. UPTD Plered Manten) dina  ngambah Sagara Kahuripan di alam Dunya. Poé ieu Pa Haji Suhaémi mulang ka alam kalanggengan, nyungsi poé panjang anu sampurna.  Ngantunkeun dina dinten Ahad, ping 20 September 2020, jam 18.45 WIB, di RS. Bayu Asih Purwakarta. Mugia mulangna Almarhum sing dipapag ku kanyaahna Gusti nu murbeng alam, ogé mugia Gusti nu Maha welas tur Maha Asih, meresihan diri Almarhum. Tina Sagala dosa, malah mandar Almarhum cicing tumaninah Dina sawargana Alloh...... Aamiin yaarobbal Alamiin...