Pangemut-ngemut kana Peristiwa Gerakan 30 September Partai Komunis Indonesia (G 30 S PKI)
Dina bulan September taun
1965 nu katukang keur bangsa Indonésia mah minangka taun anu pinuh ku kasedih
lantaran Genep urang pajabat tinggi (jendral) dirogahala tina peristiwa Gerakan 30 September Partai Komunus Indonesia
(G 30 S PKI).
Para petinggi éta diantarana: 1. Letjen TNI Ahmad Yani (Menteri/Panglima Angkatan Darat/Kepala Staf Komando Operasi Tertinggi). 2. Mayjen TNI Raden Suprapto (Deputi II Menteri/Panglima AD bidang Administrasi). 3. Mayjen TNI Mas Tirtodarmo Haryono (Deputi III Menteri/Panglima AD bidang Perencanaan dan Pembinaan). 4. Mayjen TNI Siswondo Parman (Asisten I Menteri/Panglima AD bidang Intelijen). 5. Brigjen TNI Donald Isaac Panjaitan (Asisten IV Menteri/Panglima AD bidang Logistik). 6. Brigjen TNI Sutoyo Siswomiharjo (Inspektur Kehakiman/Oditur Jenderal Angkatan Darat) sarta 7. Lettu CZI Pierre Andreas Tendean.
Malah mandar pihak PKI
kacolongan tur salah sasaran dina ngarogahala para jendral éta, nu satadina Jenderal
TNI Abdul Harris Nasution jadi sasaran utama, antukna ajudan Abdul Harris
Nasution nyatana Lettu CZI Pierre Andreas Tendean ditewak tur dirogahala dugi
ka tilar dunya dina gerakan éta.
Kajaba kitu putrina Abdul
Harris Nasution nya éta Adé Irma Suryani Nasution ditembak teu kasalametkeun nepi
ka tilar dunya.
Para korban éta salajengna
dipiceun ka lokasi di Pondok Gede, Jakarta nyatana disebat Lubang Buaya. Mayit éta
tiasa kapendak dina ping 3 Oktober. Ngan Jenderal TNI Abdul Harris Nasution nu
satadina jadi sasaran utama, Alhamdulillah salamét tina upaya maéhan para
jendral.
Ditulis tina sababaraha sumber.

Komentar