Langsung ke konten utama

Nonoman di Kampung Jawa Désa Cibogohilir Meunang Pancen Ngokolakeun TPS


Nonoman di Kampung Jawa
Désa Cibogohilir
Meunang Pancen Ngokolakeun TPS


“Ceuk Ketua Karang Taruna Kampung Jawa ka Warta Sunda Nusantara, dipaparinan pancen pikeun ngokolakeun tempat pembuangan sementara (sampah). Pihakna ngahaturkeun rewu-rewu nuhun kana kapercantean ti warga hususna ka Pa RT Ara sareng Abah Roup.”

PLÉRÉD  – Warta Sunda Onliné,

M

ilu aubna para nonoman dina ngabantu program Citarum Harum, kulantaran mahabuna runtah ngahunyud di wahangan Cicalibur, di Kampung Jawa RT.08/RW.04 Désa Cibogohilir. Ku karancagéan Ketua RT.08 nu dibantos ku para donatur nepi ka tiasa ngawujudkeun nyieun bak Tempat Pembuangan Sementara (TPS) dilingkunganana.

Malah mandar warga tong nepik miceun runtah dimana waé, tapi ku parantos disadiakeunnana bak Tempat Pembuangan Sementara éta tiasa sadar lingkungan. Poma lingkungan kedah dijaga babarengan pikeun nyiptakeun lingkungan anu resik, bersih tur hegar. Kitu ceuk Ketua RT.08, Ara (33) ngeceskeun ka Warta Sunda Onliné/Warta Sunda Nusantara nalika dina acara pembongkaran tur mindahkeun makom warga nu rencanana rék kasabet ku fasilitas umum keur penampungan pembuangan sampah.

Nitenan sawatara waktu katukang runtah nu aya di wahangan Cicalibur ngahunyud kurang leuwih kana 7 - 8 tonan téh, kungsi di kerjabaktikeun antara koramil jeung rengrengan warga, katut warga atikan (PGRI). “Ayeuna tarekah jeung patéahna ku nyieun bak tempat pembuangan sementara hasil tina rereongan para donnatur. Saperti halna kamari dibalakan ku Pa Camat Kecamatan Pléréd, Asép Sendjaya, S.Ip nyumbang 2 truck sirtu sarta abu batu pikeun motivasi para nonoman (anak muda) milu mikacinta kana lingkungan.” Pokna Pa RT Ara.

Lian ti éta, Kepala Désa Cibogohilir, Abad Badrudin sinareng Ketua Karang Taruna Kampung Jawa H Hilman alias cutok nu parantos nyumbang matrial pikeun ngawujudkeun fasilitas umum keur bak penampungan pembuangan sampah. Sarta para tokoh saperti Pa H. Yayan ogé milu aub nyumbangkeun.

Hal nu sarupa dihaminan ku sesepuh masarakat, Abdul Roup (63), “Sim kuring ngarojong kana program nonoman nu milu aub kana nyukseskeun program Citarum Harum ku nyieun bak penampungan runtah di lokasi Makam Kampung Jawa Désa Cibogohilir Kecamatan Paléréd Kabupatén Purwakarta.”

Disagedengeun éta, di wewengkon Kampung Jawa sifat “Gotong Royong” masih kénéh aya. Saperti dina acara ka nu maotan warga tanpa dipasihan béja geus saget ngagali makam luyu sareng tempat anu kosong. Poma poé tadi, Juma’ah isuk (09/10/2020) ku ayana pemindahan makam Keluarga Bp. Jamhur bin Boon (alm). Geus 54 taun makamna kasabet ku ayana program ngadamel bak Tempat Pembuangan Sementara.

“Hasil karancagéan Pa RT Ara sareng pihak keluarga, ahirna Makam Bp. Jamhur bin Boon di alihkeun ka tukang caket tempat nyimpen pasaran,” pokna abah Roup.

Sedengkeun ceuk perwakilan keluarga Bp. Jamhur bin Boon ngalewatan H. Abdullah Bin Husen nu dikolotkeun. Dina mindahkeun Makom Bp. Jamhur bin Boon, pihak keluarga geus ngarelakeu dipindah keur kapentingan warga dina ngokolakeun tempat miceun runtah.

Lain halna ceuk Camat Kecamatan Pléréd, Asép Sendjaya, S.Ip, pihakna ngiring ngajeujeuhkeun kana inisiatif warga nu swadaya nyieun bak penampungan runtah. “Malahan para nonoman (para pemuda) kapayunna tina ngokolakeun TPS éta bisa ngoordinir pasualan runtah, sangkan warga tong miceun runtah sembarangan. Tapi mun dilola kalayan daria ku nonoman ngalewatan Karang Taruna tangtu tiasa nyiptakeun lapangan pekerjaan.  

Ceuk perwakilan Ketua Karang Taruna Kampung Jawa diwakilan ku Susan Samsudin alias Méong (27) ka Warta Sunda Onliné/Warta Sunda Nusantara, dipaparinan pancen pikeun ngokolakeun tempat pembuangan sementara (sampah). Pihakna ngahaturkeun rewu-rewu nuhun kana kapercantean ti warga masarakat hususna ka Pa RT Ara sareng Abah Roup.

“Mugia pancen ieu tiasa dijalankeun sakumaha mistina, tetep nyuhunkeun saran ti pihak terkait,” pokna Usan.***


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Kaahéngan Jembatan Ciganéa Mobil Mindeng Tikusruk ka Jurang

  Mobil treuk tikusruk dii Jembatan Cigan éa, Jatiluhur, Purwakarta.* Laporan : Heri Purnomo Kaahéngan Jembatan Ciganéa Mobil Mindeng Tikusruk ka Jurang CIGANEA – Warta Sunda Nusantara, Jembatan Cilampahan, Ciganéa Kabupatén Purwakarta sering aya mobil tikusruk ka jurang. Keur mah di wewengkon éta mindeng kajadian. Ceuk sakaol mah éta téh aya nu ngageueuh. Malah ceuk kolot baheula tiap kendaraan nu kadinya kudu méré kode ngelaksonan tilu kali. Cirining masihan pennghargaan ka nu ngageugeuh jembatan éta.   Saperti ayeuna, poé Salasa (29/9/2020) mobil treuk tikusruk jam 07.35 WIB di jembatan Cilampahan – Ciganéa. Ngan untung Supir jeung Keneka salamet.   Nepika turun warta ieu can meunang hasil katerangan ti pihak korban sarta pihak kepulisian.*** Heri Purnomo

10 Imah Warga di Kp. Cisarua Désa Sukamulya, Tegalwaru Kabawa Angin

  PURWAKARTA – Warta Sunda Nusantara, Sapuluh imah milik warga Kampung Cisarua RW.02 RT.013 sarta RT.14 Désa Sukamulya Kecamatan Tegalwaru Kabupatén Purwakarta, poé Saptu (26/9/2020) keuna kamusibahan angin puting beliung, nu ngabalukarkeun imah warga ancur. Dina hal ieu mah teu aya korban jiwa tina musibah éta, lantaran wargana aya dilaluar imah.   Kajadian angin gedé éta datangna ti beulah kidul kira-kira 16.00 WIB. Musibah éta ngabalukarkeu kenteng-kenteng imah tur kai-kai penyanggah imahna ogé kabawa ngapung teu kuat nahan angin. "Kajadian lumangsung aya kana 10 menitan," kitu ceuk Sopandi (68) warga setempat ka Warta Sunda Nusantara, poé Ahad (27/9/2020).   Nurutkeun sumber, yén imah warga ancur akibat angin puting beliung éta diantrana imah 1. Bapa Sudirman kamar jeung dapur roboh, 2. Bapa Uud kentengna haliber, 3. Bapa Asép hateup dapur kabawa ngapung, 4. Bapa Denih ogé hateup imah katut kentengna ka bawa ngapung, 5. Bapa Tupiadi asbes kentengna ka bawa ngapu

Poé ieu : H. Suhaemi UPTD Manten Plered, Tilar Dunya

  Warta Sunda Nusantara, Innalilahi wainnailaihi rojiuun, Titis tulis Bagja diri, takdir teu bisa dipungkir, qodar teu bisa dipungpang, poé Ahad ieu, poé punungtung pikeun H. Suhaemi, S.Pd, M.Pd (Ka. UPTD Plered Manten) dina  ngambah Sagara Kahuripan di alam Dunya. Poé ieu Pa Haji Suhaémi mulang ka alam kalanggengan, nyungsi poé panjang anu sampurna.  Ngantunkeun dina dinten Ahad, ping 20 September 2020, jam 18.45 WIB, di RS. Bayu Asih Purwakarta. Mugia mulangna Almarhum sing dipapag ku kanyaahna Gusti nu murbeng alam, ogé mugia Gusti nu Maha welas tur Maha Asih, meresihan diri Almarhum. Tina Sagala dosa, malah mandar Almarhum cicing tumaninah Dina sawargana Alloh...... Aamiin yaarobbal Alamiin...