Langsung ke konten utama

Towéksana Guru SDN 1 Parungbanténg Dina Covid-19.

Guru SDN 1 Parungbanténg, Uban nalika masrahkeun soal UTS kuring ka siswana.*


SUKASARI - Warta Sunda Nusantara,

Para Orangtua di Kabupatén Purwakarta, anak-anakna hayang dialajar Tatap Muka. Lantaran geus barosen ngabingbing barudakna dibumina sewang-sewangan, komo mun nepika tiap pelajaran nu ayana istilah during.

Kuayana Covid-19 mahabu di negri urang jeung Manca nagara ti bulan Maret ka tukang. Musibah corona éta mangaruhan kana sagala widang, saperti halna widang atikan.

Dina hal ieu mah di Kecamatan Sukasari Kabupatén Purwakarta para orangtua siswa ngangluh. Sapertos ungkara nu dicaritakeun diluhur. Kitu ceuk Ibu Aan (51) perwakilan warga Kp. Cigorowék Désa Parungbanteng.

Tapi ku towéksana para guru di Parungbanténg dina Ngatik jeung ngadidik ku  ngalaksanakeun BDR sok sanaos aya halangan tapi éta di jantenkeun tangtangan kanggo mencerdaskan anak bangsa ogé ngalaksanakeun protokolér kesehatan.

Sok sanaos aya sababaraha orang tua murid nu nyuhunkeun hoyong saenggalna TTM (tatap muka).

Kajaba juru Atik di Parungbanténg mah letak geografisna nu cukup lumayan, pon kitu deui jarak tempuh lembur jararauh saperti halna antara Ksmpung Cigorowék, Kp. Parungbanténg, Kp. Cimanggu sarta Kampung Ngantai Désa Parungbanténg. Kitu nu kasauran guru Unan di SDN 1 Parungbanténg Kecamatan Sukasari Kabupatén Purwakarta ka Warta Sunda Nusantara.

Kuayana Covid-19 ieu, "unggal dinten abdi masihkeun soal UTS sabari nyandak hasil nu kamarina di pasihkeuni sarta masihkeun soal PTS sarta Penilaian Tengah Semester," pokna Uban.

Dina kasempetan éta ogé Kepala SDN 1 Parungbanténg, Uu Sumarna ngabenerkeun nu dicaritakeun ku guru Uban. Jumlah setiap pemgajarna dibantu ku 8 (dalapan) urang luring ka para siswana.***


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Kaahéngan Jembatan Ciganéa Mobil Mindeng Tikusruk ka Jurang

  Mobil treuk tikusruk dii Jembatan Cigan éa, Jatiluhur, Purwakarta.* Laporan : Heri Purnomo Kaahéngan Jembatan Ciganéa Mobil Mindeng Tikusruk ka Jurang CIGANEA – Warta Sunda Nusantara, Jembatan Cilampahan, Ciganéa Kabupatén Purwakarta sering aya mobil tikusruk ka jurang. Keur mah di wewengkon éta mindeng kajadian. Ceuk sakaol mah éta téh aya nu ngageueuh. Malah ceuk kolot baheula tiap kendaraan nu kadinya kudu méré kode ngelaksonan tilu kali. Cirining masihan pennghargaan ka nu ngageugeuh jembatan éta.   Saperti ayeuna, poé Salasa (29/9/2020) mobil treuk tikusruk jam 07.35 WIB di jembatan Cilampahan – Ciganéa. Ngan untung Supir jeung Keneka salamet.   Nepika turun warta ieu can meunang hasil katerangan ti pihak korban sarta pihak kepulisian.*** Heri Purnomo

10 Imah Warga di Kp. Cisarua Désa Sukamulya, Tegalwaru Kabawa Angin

  PURWAKARTA – Warta Sunda Nusantara, Sapuluh imah milik warga Kampung Cisarua RW.02 RT.013 sarta RT.14 Désa Sukamulya Kecamatan Tegalwaru Kabupatén Purwakarta, poé Saptu (26/9/2020) keuna kamusibahan angin puting beliung, nu ngabalukarkeun imah warga ancur. Dina hal ieu mah teu aya korban jiwa tina musibah éta, lantaran wargana aya dilaluar imah.   Kajadian angin gedé éta datangna ti beulah kidul kira-kira 16.00 WIB. Musibah éta ngabalukarkeu kenteng-kenteng imah tur kai-kai penyanggah imahna ogé kabawa ngapung teu kuat nahan angin. "Kajadian lumangsung aya kana 10 menitan," kitu ceuk Sopandi (68) warga setempat ka Warta Sunda Nusantara, poé Ahad (27/9/2020).   Nurutkeun sumber, yén imah warga ancur akibat angin puting beliung éta diantrana imah 1. Bapa Sudirman kamar jeung dapur roboh, 2. Bapa Uud kentengna haliber, 3. Bapa Asép hateup dapur kabawa ngapung, 4. Bapa Denih ogé hateup imah katut kentengna ka bawa ngapung, 5. Bapa Tupiadi asbes kentengna ka bawa n...

Poé ieu : H. Suhaemi UPTD Manten Plered, Tilar Dunya

  Warta Sunda Nusantara, Innalilahi wainnailaihi rojiuun, Titis tulis Bagja diri, takdir teu bisa dipungkir, qodar teu bisa dipungpang, poé Ahad ieu, poé punungtung pikeun H. Suhaemi, S.Pd, M.Pd (Ka. UPTD Plered Manten) dina  ngambah Sagara Kahuripan di alam Dunya. Poé ieu Pa Haji Suhaémi mulang ka alam kalanggengan, nyungsi poé panjang anu sampurna.  Ngantunkeun dina dinten Ahad, ping 20 September 2020, jam 18.45 WIB, di RS. Bayu Asih Purwakarta. Mugia mulangna Almarhum sing dipapag ku kanyaahna Gusti nu murbeng alam, ogé mugia Gusti nu Maha welas tur Maha Asih, meresihan diri Almarhum. Tina Sagala dosa, malah mandar Almarhum cicing tumaninah Dina sawargana Alloh...... Aamiin yaarobbal Alamiin...