Rubrik PEPERNIAN : SILOKA ÉLMU KI SUNDA Dikamandangan ku Guru di Paléréd
Rubrik PEPERNIAN nu judulna SILOKA ÉLMU KI SUNDA yasana Uwa (Koyaman) nu diwartakeun téh, dugi ka aya kamandang ti urang Paléréd nyaéta Aép Tirta Kepala SDN 3 Paléréd sapertos dihandap ieu, kamandangna:
Saé pisan Uwa, hatur nuhun élmu na.
Janten emut kapungkur nuju almarhum Dalang Asép Sunandar Sunarya jumeneng. Nu kapiemut téh syarat jadi pamingpin :
1. Pamingpin kudu bisa ngapung : horéng siloka éta ogé. Jadi pamingpin lain hartina kudu kos gatot kaca bisa hiber, tapi bisa ngapung di dieu jadi pamingpin kudu boga cita-cita, mun cara ayeuna mah kudu boga visi misi meureun nya. Kudu indit méméh ngaléngkah, kudu ngomong méméh pok.
2. Pamingpin kudu bisa napak sancang,, lebah dieu leres pisan sanés hartos jadi pamingpin kudu bisa jalan dina cai siga naruto.. tapi ngandung harti pamingpin kudu bisa napakan kahirupan (peka) masyarakat na kalayan teu cuet kanu hideng, ponténg kanu konéng, teu aya diskriminasi meureun nya mun ayeuna mah.
3. Pimpinan kudu bisa nembua bumi. Lain hartos na jadi pamingpin kudu siga raden Anterja putra bima, bisa asup kajero taneuh. Tapi siloka na pamingpin kudu bisa neuleuman kabutuhan masyarakat na.
Punten kang, éta anu sok dipedar ku kidalang Abah Asép. 🙏🙏

Komentar