Langsung ke konten utama

Paslon Cellica jeung Aép Syaepuloh Tarung Pilkada Desember Norut 2



Cellica Nurrachadiana pasangan sareng Aép Saepulloh kenging nomor urut 2.*

KARAWANG - Warta Sunda Nusantara,

Komisi Pemilihan Umum (KPU) geus netepkeun ngundian nomor urut pasangan calon bupati & wakil bupati Karawang dina pemilihan kepala daérah (Pilkada) Karawang 2020, di Hotel Akhsaya, Kamis (24/9/2020). 

Penetapan tilu pasangan calon éta luyu sareng SK No 461/HK.04.1-Kpt/3215/KPU-Kab/IX/2020 tentang penetapan pasangan calon dalam pemilihan bupati dan wakil bupati Karawang 2020.

"Pihak KPU, netapkeun ngeunaan nomor urut dina Pemilihan Kepala Daérah Kabupatén Karawang 2020. Pasangan bupati & wakil bupati pasangan nomor urut 1 Yesi Karya Lianti - Ahmad Adly Fairuz, nomor urut 2 pasangan calon Cellica Nurrachadiana - Aép Saepulloh, sarta nomor urut 3 pasangan Ahmad Zamakhsyari - Yusni Rinzani," kitu saur Ketua KPU Kabupatén Karawang Miftah Farid ka awak média.

Miftah ogé ngajelaskeun, nomor urut éta engkéna ku tilu paslon tiasa dianggo  keur keperluan kampanyé, mencetak surat suara dan dipasang di semua tempat pemungutan suara saat proses pemungutan suara pada 9 Desember nu bakal datang.

Sabada pengundian lumangsung, para paslon Pilkada Kabupatén Karawang 2020 macakeun deklarasi pemilu damai dan pakta integritas dilajengkeun ku penandatanganan. Saterusna, Pilkada Kabupatén Karawang masa kampanyéna dimimitian ping 26 September-5 Desember 2020. Pokna Ketua KPU.

Dina kasempetan éta ogé Cellica Nurrachadiana pasangan sareng Aép Saepulloh kenging nomor urut dua. 

"Mudah-mudahan angka nomor dua téh angka berkah malahan nomer nu pang hadéna tina angka-angka nu lain. Ieu angka nu baris  ngantarkeun Cellica-Aep dua periode," ujar pokna Cellica.

Sedengkeun nu kasauran Aép Saepulloh, dirina satekah polah rék tarung Makalangan sareng Téh Cellica Nurrachadiana Sangkan jadi Bupati dua periode.***

Sukanda

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Kaahéngan Jembatan Ciganéa Mobil Mindeng Tikusruk ka Jurang

  Mobil treuk tikusruk dii Jembatan Cigan éa, Jatiluhur, Purwakarta.* Laporan : Heri Purnomo Kaahéngan Jembatan Ciganéa Mobil Mindeng Tikusruk ka Jurang CIGANEA – Warta Sunda Nusantara, Jembatan Cilampahan, Ciganéa Kabupatén Purwakarta sering aya mobil tikusruk ka jurang. Keur mah di wewengkon éta mindeng kajadian. Ceuk sakaol mah éta téh aya nu ngageueuh. Malah ceuk kolot baheula tiap kendaraan nu kadinya kudu méré kode ngelaksonan tilu kali. Cirining masihan pennghargaan ka nu ngageugeuh jembatan éta.   Saperti ayeuna, poé Salasa (29/9/2020) mobil treuk tikusruk jam 07.35 WIB di jembatan Cilampahan – Ciganéa. Ngan untung Supir jeung Keneka salamet.   Nepika turun warta ieu can meunang hasil katerangan ti pihak korban sarta pihak kepulisian.*** Heri Purnomo

10 Imah Warga di Kp. Cisarua Désa Sukamulya, Tegalwaru Kabawa Angin

  PURWAKARTA – Warta Sunda Nusantara, Sapuluh imah milik warga Kampung Cisarua RW.02 RT.013 sarta RT.14 Désa Sukamulya Kecamatan Tegalwaru Kabupatén Purwakarta, poé Saptu (26/9/2020) keuna kamusibahan angin puting beliung, nu ngabalukarkeun imah warga ancur. Dina hal ieu mah teu aya korban jiwa tina musibah éta, lantaran wargana aya dilaluar imah.   Kajadian angin gedé éta datangna ti beulah kidul kira-kira 16.00 WIB. Musibah éta ngabalukarkeu kenteng-kenteng imah tur kai-kai penyanggah imahna ogé kabawa ngapung teu kuat nahan angin. "Kajadian lumangsung aya kana 10 menitan," kitu ceuk Sopandi (68) warga setempat ka Warta Sunda Nusantara, poé Ahad (27/9/2020).   Nurutkeun sumber, yén imah warga ancur akibat angin puting beliung éta diantrana imah 1. Bapa Sudirman kamar jeung dapur roboh, 2. Bapa Uud kentengna haliber, 3. Bapa Asép hateup dapur kabawa ngapung, 4. Bapa Denih ogé hateup imah katut kentengna ka bawa ngapung, 5. Bapa Tupiadi asbes kentengna ka bawa n...

Poé ieu : H. Suhaemi UPTD Manten Plered, Tilar Dunya

  Warta Sunda Nusantara, Innalilahi wainnailaihi rojiuun, Titis tulis Bagja diri, takdir teu bisa dipungkir, qodar teu bisa dipungpang, poé Ahad ieu, poé punungtung pikeun H. Suhaemi, S.Pd, M.Pd (Ka. UPTD Plered Manten) dina  ngambah Sagara Kahuripan di alam Dunya. Poé ieu Pa Haji Suhaémi mulang ka alam kalanggengan, nyungsi poé panjang anu sampurna.  Ngantunkeun dina dinten Ahad, ping 20 September 2020, jam 18.45 WIB, di RS. Bayu Asih Purwakarta. Mugia mulangna Almarhum sing dipapag ku kanyaahna Gusti nu murbeng alam, ogé mugia Gusti nu Maha welas tur Maha Asih, meresihan diri Almarhum. Tina Sagala dosa, malah mandar Almarhum cicing tumaninah Dina sawargana Alloh...... Aamiin yaarobbal Alamiin...