Langsung ke konten utama

NGAPRAK LARATAN 13 TAUN KATUKANG MEDALNA MAJALAH “WARTA SUNDA”

 


 NGAPRAK LARATAN  13 TAUN KATUKANG MEDALNA  MAJALAH “WARTA SUNDA”

Taun 2007 katukang nalika Sim Kuring leupas ti salasahiji média Sunda wedalan ti Bandung. Lantaran nu jadi dunungan nyaéta Biro/Koordinator Wilayah (Biro/Korwil) peupeujeuh yén keur wilayah Kabupatén Purwakarta mah, media éta téh tong diedarkeun. Ari keur sim kuring mah, salaku wartawanna mah teu tiasa kumaha-kumaha. Ngan nu jadi hariwang téh, mun teu boga média. Asa kumaha kitu!!! Komo deui mun dilapangan mah asa teu genah. Padahal nu namina jurnalis mah tangtu kudu aya média jeung wartana.

Keur mah kaayaan Purwakarta harita téh dina suhu politik keur meujeuhna harénghéng alias keur panas. Tah dina pertengahan Agustus 2007, aya salah sahiji bakal calon Bupati Purwakarta nu ngarangkul sababaraha urang wartawan pikeun nyukseskeun dirina. Nepika sim kuring ogé hampir kataji ku visi jeung misina. Malah mandar nepika sim kuring dipiwarang ngadamel profosal ku bakal calon téh. Nya teu kungsi lila profosal éta téh geus jadi nu diaranan Profosal Majalah Warta Sunda. Nepika profosal éta ku bakal calon kudu dirobah nyatana tina judul média. Malah anjeunna ngusulkeun nerbitkeun Majalah “TUMARITIS”. Basa profosal dicawad tur kudu di robah, pikiran sim kuring, “medalkeun média Sunda nu diaranan Majalah Tumaritis asa ku beurat”, lantaran ari namina Tumaritis téh tempat para gegeden disalah sahiji tempat.

Kuring teu nyaluyuan kana usulan ti bakal calon Bupati éta téh, malah eukeuh yén Warta Sunda sangkan medal. Pokona mah kumaha carana waé!

Dina antara bulan Agustus – September 2007, majalah Warta Sunda medal Édisi : Munggaran nu ukuranna A4, medal unggal dua minggu sakali anu serba sederhana. (Saperti tembong tina gambar arsip Édisi Munggaran). Tina rupa, karedaksian tur layout-tannana ogé can panceg. Nitenan arsip édisi : Munggaran mah, asa can sugema. Tapi ku pangalaman jeung adu renyom ti sakumna civitas para jurnalis anu kahot nepika anu kakoncara dina widangna. Majalah Warta Sunda téh tetep medal sanajan elat-elat ogé.

Kajaba dina medalna ogé seueur kamandang ti parapamaos. Saperti halna kamandang ti Pa Rohimat Alm (Wartawan Manten) harita nuju nguruskeun Yayasan di Notaris Dedi Achmad Haidir di Jalan Sindangkasih sasih Desember 2007. Keur mah sim kuring jeung pihak notaris éta mah sohib tur langganan tetap Warta Sunda. Basa majalah Warta Sunda dipasihkeun ka Pa Notaris, Pa Rohimat maos majalah Warta Sunda bari pokna téh kieu, “Ieu média téh sarua jeung ngaruksak basa hususna Basa Sunda.” Kamandang éta téh teu jadi pundungan atawa jadi pondok harepan. Malah diwaler ku sim kuring, “Ngahaturkeun rewu-rewu nuhun kana kamandang ti Pa Rohimat ngeunaan medal Warta Sunda. Tapi sim kuring ngarumaoskeun seueur kakirangan tina undak-usuk basa komo jeung eusi basa tur karedaksianna mah.” Mangga atuh ka Pa Rohimat anu seueur kaélmuan dina widang Basa Sunda jabung tumalapuk sasarengan pikeun nanjeurkeun kana Kasundaan hususna dina majalah Warta Sunda. Nitenan kamandang Pa Rohimat, ku Sim Kuring janten peurah kana kalumangsungan medalna Warta Sunda.

Kamandang nu leuwih nyungkelit kana ati nalika kamandangna ti Kepala Sekolah nu sején, ningali majalah Warta Sunda ukuran alit téh sok dialungkeun dina handapeun meja, bujeng-bujeng diaos. Éta kamandang téh kulantaran cohag-cohagna kepala sekolah sareng sim kuring. Mugia Kepala Sakola maos ieu warta hamo jeung kungsi nyarita ngalungkeun Warta Sunda disimpen dihandapeun meja éta, neda hapunten. Tapi janten motivasi.

Lian ti éta, aya deui kamandang ti Ketua MKKS SMP nu ayeuna jadi Pengawas SMP di Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta. Nepika anjeunna teu panuju ayana Média Lokal komo bari jeung ukurannana tur medalna di poto copy mah. Saperti halna harita Warta Sunda medal dina kaayaan nu saperti kitu. Malah teu panujuna ti MKKS SMP téh diwartakeun tur dipénta kamandang ti nara sumber ngeunaan pencekalan terbitna média lokal.

Lain deui, ceuk salah saurang Kepala Sekolah ogé Ketua K3S SD di Kecamatan Sukatani (Dudung Harun, S.Pd) dina peupeujeuhna : “Wios Warta Sunda henteu medal unggal dua minggu, tapi ukuran kedah ageung nu penting terbit unggal sasih, tibatan ukuran alit,” pokna Pa K3S.

Disagedengeun éta ogé, aya nu resep kana medalna Warta Sunda. Malahan aya nu resep tina rubrik contona Béja ti Wanayasa (dina hal rubrik éta téh), redaksi nyugemakeun ti salah sahiji wilayah désa, kecamatan bohna sakola. Dina warta na téh sok dijadikeun salah sahiji barometer keur kecamatan séjén tina kaunggulan sakola nu ngawengku préstasi siswa, guru katut kepala sekolah dina kalumangsungan nanjeurna hiji sakola.

Kalih ti éta pamaos ogé aya nu resepeun rubrik : Undak-usuk Basa, Carpon, Kandaga Budaya Sunda, Bentangna Purwakarta (ieu rohangan kanggo parasiswa tingkat SMP/SMA/SMK/MA),  Kembang Katresna (ieu rohangan kanggo parasiswa tingkat TK/RA/PAUD, SD/MI) jeung sajabana. Rubrik-rubrik éta téh, hasl tina pamundut parapamaos.

Kukituna dina tampilan sareng eusi tur rupa pasti seueur kakirangannana. Tetep Warta Sunda panceg sareng udagan pikeun “Ngamumulé Basa Sunda, Seni katut Cagar Budaya” luyu sareng Perda Gubernur Jawa Barat Taun 2005 Nomer 5,  jeung Nomer 7.

Unggal taun tangtos dina medal ngalaman pasang surut ceuk paribasa mah hirup neut, paéh teu neut. Kitu jeung kitu tiap taunna. Sok sanajan medalna elat-elatan. Boh dina waragad atawa tina ka redaksian, kulantaran jiga na mah teu raresepeun kana majalah Sunda. Hususna wedalan Purwakarta.

Tapi dina dangeut ayeuna Alhamdulillah, Warta Sunda aya nu milu mikanya'ah nepika milu aub dina medalna. Malah ngiringan jabung tumalapuk dina medalna tur ngiringan dina ngamekarkeun ajén-inajén budaya, basa jeung seni Sunda. Mugia dina sasih Agustus 2020 ieu, Warta Sunda medal kalayan aya ridona Gusti pikeun ngeuyeuban kasundaan hususna di tatar Pasundan katut saantero nusantara. Cag.***

Komentar

Unknown mengatakan…
Alhmdllh ngaraos reu.eus kurupaning tarekah salira. insyaalloh dimana keyeng urang tangtos psreng..... muhun dakitu geuning kasaksen pami ningal dina kanyataan ayeuna wajar mun tea boga rasa hariwang pinuh rasa hariwang pisakumahaeun engke jadina mun uranh geus wanoh kana budayana sorangan..... tetebiheun urang tiasa ngariksa ngaropea tur ngaraksa naon rupi titinggal budaya malah mandar bisa jadi saksi perjalanan perkembangan budaya..... atuh leuleutikan mah anu kasebut bari jeung ngaku urang teh urang sunda ulah dugika teu apal teu bisa teu ngarti kana basana sorangan nyatana basa sunda tea anu basa teh mangrupi akarna pancerna tina budaya..... kuhalsakitu dina nukangkeun lalampahan 13 tahun katukang lalakon warta sunda sim kuring dibarung kurasa reu.eus anu sakalintang nyanggakeun pangwilujeng kana naon rupi tarekah anu tos ditaratas salami 13 taun..... atuh mugia dina perjalanan taun ks 14 tug saterasna mugia warta sunda kapayun sing langkung tiasa nanjeur oge janten bagian tina tarekah kanggo tiasa nanjeurna budaya sunda kapayun..... andung pidu.a mugia para palaku anu aya dijero ieu warta sunda tiawit ais pangampih srg rengrenganana salamina aya dina pangraksa alloh swt anu maha kawasa..... cag..... mugia sapaneja tinekanan..... aamiin yra.....
REDAKTUR : Tim Redaksi mengatakan…
Alhamdulillah, parantos ngiring kamandangna, Pa! Hatur nuhun.

Postingan populer dari blog ini

Kaahéngan Jembatan Ciganéa Mobil Mindeng Tikusruk ka Jurang

  Mobil treuk tikusruk dii Jembatan Cigan éa, Jatiluhur, Purwakarta.* Laporan : Heri Purnomo Kaahéngan Jembatan Ciganéa Mobil Mindeng Tikusruk ka Jurang CIGANEA – Warta Sunda Nusantara, Jembatan Cilampahan, Ciganéa Kabupatén Purwakarta sering aya mobil tikusruk ka jurang. Keur mah di wewengkon éta mindeng kajadian. Ceuk sakaol mah éta téh aya nu ngageueuh. Malah ceuk kolot baheula tiap kendaraan nu kadinya kudu méré kode ngelaksonan tilu kali. Cirining masihan pennghargaan ka nu ngageugeuh jembatan éta.   Saperti ayeuna, poé Salasa (29/9/2020) mobil treuk tikusruk jam 07.35 WIB di jembatan Cilampahan – Ciganéa. Ngan untung Supir jeung Keneka salamet.   Nepika turun warta ieu can meunang hasil katerangan ti pihak korban sarta pihak kepulisian.*** Heri Purnomo

10 Imah Warga di Kp. Cisarua Désa Sukamulya, Tegalwaru Kabawa Angin

  PURWAKARTA – Warta Sunda Nusantara, Sapuluh imah milik warga Kampung Cisarua RW.02 RT.013 sarta RT.14 Désa Sukamulya Kecamatan Tegalwaru Kabupatén Purwakarta, poé Saptu (26/9/2020) keuna kamusibahan angin puting beliung, nu ngabalukarkeun imah warga ancur. Dina hal ieu mah teu aya korban jiwa tina musibah éta, lantaran wargana aya dilaluar imah.   Kajadian angin gedé éta datangna ti beulah kidul kira-kira 16.00 WIB. Musibah éta ngabalukarkeu kenteng-kenteng imah tur kai-kai penyanggah imahna ogé kabawa ngapung teu kuat nahan angin. "Kajadian lumangsung aya kana 10 menitan," kitu ceuk Sopandi (68) warga setempat ka Warta Sunda Nusantara, poé Ahad (27/9/2020).   Nurutkeun sumber, yén imah warga ancur akibat angin puting beliung éta diantrana imah 1. Bapa Sudirman kamar jeung dapur roboh, 2. Bapa Uud kentengna haliber, 3. Bapa Asép hateup dapur kabawa ngapung, 4. Bapa Denih ogé hateup imah katut kentengna ka bawa ngapung, 5. Bapa Tupiadi asbes kentengna ka bawa n...

Poé ieu : H. Suhaemi UPTD Manten Plered, Tilar Dunya

  Warta Sunda Nusantara, Innalilahi wainnailaihi rojiuun, Titis tulis Bagja diri, takdir teu bisa dipungkir, qodar teu bisa dipungpang, poé Ahad ieu, poé punungtung pikeun H. Suhaemi, S.Pd, M.Pd (Ka. UPTD Plered Manten) dina  ngambah Sagara Kahuripan di alam Dunya. Poé ieu Pa Haji Suhaémi mulang ka alam kalanggengan, nyungsi poé panjang anu sampurna.  Ngantunkeun dina dinten Ahad, ping 20 September 2020, jam 18.45 WIB, di RS. Bayu Asih Purwakarta. Mugia mulangna Almarhum sing dipapag ku kanyaahna Gusti nu murbeng alam, ogé mugia Gusti nu Maha welas tur Maha Asih, meresihan diri Almarhum. Tina Sagala dosa, malah mandar Almarhum cicing tumaninah Dina sawargana Alloh...... Aamiin yaarobbal Alamiin...