Langsung ke konten utama

KMD Virtual Munggaran di Purwakarta Sakaligus Istrénan Sako Ma'arif NU

 

Istrénan Sako Ma’arif Nadhatul Ulama (NU) sarta Pembukaan KMD Virtual Sa-Purwakarta tempatna di MA Al-Irfan Jatiluhur, Purwakarta.* 
Laporan  Anto Sukanto

JATILUHUR – Warta Sunda Nusantara,

M

asih dina kaayaan suasana pandemi Covid-19, sagala kagiatan tangtu rada kahambat saperti halna kagiatan kepanduan nu dibungkus ku kagiatan Kursus Mahir Dasar (KMD) jeung Istrénan Sako Ma’arif Nadhatul Ulama (NU) nepi ka disiasati ku virtual, sangkan tetep lumangsung. Lantaran kagiatan éta téh geus dianggalna saméméh covid-19 datang. Tungtungna pihak panatacalagara ngalumangsungkeun acara sacara virtual.



     “Ngan tetep nyuhun arahan ti pihak Kwartir Cabang (Kwarcab) nepi ka ayeuna lumangsung KMD Sacara Virtual ti ping 24 September dugika 30 September 2020.” Kitu ceuk Ketua Panatacalagara KMD Virtual 2020, Abad Badrudin ka Warta Sunda Nusantara via whattApp, Salasa (29/9/2020).

Nurutkeun Abad, yén acara nu saperti kitu téh dibuka langsung ku Sekretaris Kwarcab Purwakarta, Kak. Wahyu Wibiesono. “Dina arahanna yén KMD téh dina raraga ngalatih jeung ngamekarkeun keterampilan Pembina Pramuka utamana dina widang keterampilan tehnik kepramukaan tur dibekelan kaélmuan kepramukaan.” Kitu basa nirukeun omongan Kak Wibi.



Malahan kagiatan KMD sacara virtual éta dibagi 6 (genep) zona nu ngawengku diantarana : Zona 1 : Purwakarta – Pasawahan, Zona 2 : Campaka, Cibatu, Babakancikao sarta Bungursari. Zona 3 : Wanayasa, Pondoksalam jeung Kiarapedes. Zona 4 : Darangdan – Bojong. Zona 5 : Pléréd, Maniis, Sukatani jeung Tegalwaru. Sarta Zona 6 : Jatiluhur – Sukasari. Lian ti éta materi nu dipasihannana nganggo sacara virtual.

Dina kagiatan KMD Virtual éta, panatacalagara gawé bareng sareng Pusat Pendidikan dan Latihan Cabang (Pusdiklatcab) Kabupatén Purwakarta.



Ditempat anu béda Kepala Pusat Pendidikan dan Latihan Cabang (Pusdiklatcab) Kabupatén Purwakarta, Kak Tri Kurniati, nyebutkeun yén hiji-hijina acara KMD sacara Virtual sa-Jawa Barat dipitembeyan di Kabupatén Purwakarta. Ngamangpaatkeun situasi Covid-19 ku ngalumangungkeun KMD Virtual 2020 sarta isténan Satuan Komunitas Al-Ma'arif NU Purwakarta.



Kak Tri, leuwih ngajelaskeun kana teknis KMD Virtual, saperti halna KMD téh sacara During jeung Luring. Ngan KMD nu Daring mah dibagi 6 zona nya éta Zona 1 : Purwakarta – Pasawahan, Zona 2 : Campaka, Cibatu, Babakancikao sarta Bungursari. Zona 3 : Wanayasa, Pondoksalam jeung Kiarapedes. Zona 4 : Darangdan – Bojong. Zona 5 : Pléréd, Maniis, Sukatani jeung Tegalwaru. Sarta Zona 6 : Jatiluhur – Sukasari.

Sedengkeun dina during mah dipandu ku 7 urang nu ngawengku diantarana Pinsus : Kak Yani, Pelatih Siaga : Kak IKa sareng Heri. Pelatih Penggalang : Kak Ade Suhayat sareng Kak Tri Kurniati. Sarta Pelatih Penegak : Kak Hedi sareng Kak Narkum.

Disagedengeun éta, yén Pelatih Luring diantarana Pelatih Siaga : Kak IKa sareng Heri, Pelatih Penggalang Ka Sukiman, Kak Nurul sarta Kak Amir. Pelatih Penegak : Kak Hedi, Uhan, Sapudin, Yantika Dewi, Ardi Qurnaén, Didin Saépudin, sarta Kak Uyat.

Dina hal ieu mah materina umum nu ditepikeun sarua jeung nu biasa, ngan nu ngabentenkeunana mah, tina during mah pamilo dipoto luyu sareng arahan pelatih, saterasna 2 – 3 poé diteras kana Luring langkung diefektikeun deui, sabab KMD kedah seueur praktek, nyatana dina luring (tatap muka).

Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku redaksi yén pamilon nu milu aub kana éta kagiatan téh aya kana 50 urang nu diwatés ku panitia sarta tetep ngajalankeun protokolér kaséhatan.***

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Kaahéngan Jembatan Ciganéa Mobil Mindeng Tikusruk ka Jurang

  Mobil treuk tikusruk dii Jembatan Cigan éa, Jatiluhur, Purwakarta.* Laporan : Heri Purnomo Kaahéngan Jembatan Ciganéa Mobil Mindeng Tikusruk ka Jurang CIGANEA – Warta Sunda Nusantara, Jembatan Cilampahan, Ciganéa Kabupatén Purwakarta sering aya mobil tikusruk ka jurang. Keur mah di wewengkon éta mindeng kajadian. Ceuk sakaol mah éta téh aya nu ngageueuh. Malah ceuk kolot baheula tiap kendaraan nu kadinya kudu méré kode ngelaksonan tilu kali. Cirining masihan pennghargaan ka nu ngageugeuh jembatan éta.   Saperti ayeuna, poé Salasa (29/9/2020) mobil treuk tikusruk jam 07.35 WIB di jembatan Cilampahan – Ciganéa. Ngan untung Supir jeung Keneka salamet.   Nepika turun warta ieu can meunang hasil katerangan ti pihak korban sarta pihak kepulisian.*** Heri Purnomo

10 Imah Warga di Kp. Cisarua Désa Sukamulya, Tegalwaru Kabawa Angin

  PURWAKARTA – Warta Sunda Nusantara, Sapuluh imah milik warga Kampung Cisarua RW.02 RT.013 sarta RT.14 Désa Sukamulya Kecamatan Tegalwaru Kabupatén Purwakarta, poé Saptu (26/9/2020) keuna kamusibahan angin puting beliung, nu ngabalukarkeun imah warga ancur. Dina hal ieu mah teu aya korban jiwa tina musibah éta, lantaran wargana aya dilaluar imah.   Kajadian angin gedé éta datangna ti beulah kidul kira-kira 16.00 WIB. Musibah éta ngabalukarkeu kenteng-kenteng imah tur kai-kai penyanggah imahna ogé kabawa ngapung teu kuat nahan angin. "Kajadian lumangsung aya kana 10 menitan," kitu ceuk Sopandi (68) warga setempat ka Warta Sunda Nusantara, poé Ahad (27/9/2020).   Nurutkeun sumber, yén imah warga ancur akibat angin puting beliung éta diantrana imah 1. Bapa Sudirman kamar jeung dapur roboh, 2. Bapa Uud kentengna haliber, 3. Bapa Asép hateup dapur kabawa ngapung, 4. Bapa Denih ogé hateup imah katut kentengna ka bawa ngapung, 5. Bapa Tupiadi asbes kentengna ka bawa ngapu

Poé ieu : H. Suhaemi UPTD Manten Plered, Tilar Dunya

  Warta Sunda Nusantara, Innalilahi wainnailaihi rojiuun, Titis tulis Bagja diri, takdir teu bisa dipungkir, qodar teu bisa dipungpang, poé Ahad ieu, poé punungtung pikeun H. Suhaemi, S.Pd, M.Pd (Ka. UPTD Plered Manten) dina  ngambah Sagara Kahuripan di alam Dunya. Poé ieu Pa Haji Suhaémi mulang ka alam kalanggengan, nyungsi poé panjang anu sampurna.  Ngantunkeun dina dinten Ahad, ping 20 September 2020, jam 18.45 WIB, di RS. Bayu Asih Purwakarta. Mugia mulangna Almarhum sing dipapag ku kanyaahna Gusti nu murbeng alam, ogé mugia Gusti nu Maha welas tur Maha Asih, meresihan diri Almarhum. Tina Sagala dosa, malah mandar Almarhum cicing tumaninah Dina sawargana Alloh...... Aamiin yaarobbal Alamiin...