Ilustrasi Imah Sunda sumber tina internet.*
NU kumaha ari model imah Sunda buhun? Kiwari geus rada hésé manggihanana, angot di kota. Ketang di pilemburan ge geus kawilang langka, kajaba mun deuk liar ka kampung adat. Di Kabupatén Tasikmalaya aya Kampung Naga, di Bandung aya Kampung Mahmud, atuh rada jauhna di pasisisan Banten waé aya imah khas Kanékés (Baduy).
Ari imah kuring baheula keur budak, imah panggung. Panto jeung jandelana jarangkung. Unggal jandela maké jalosi minangka keur kaamananana. Mun ayeuna mah geus langka manggihan jalosi, kajaba tralis tina beusi. Ari jalosi mah dijieunna tina kai beunang nyugu dialus-alus. Ari babagian nu aya dina imah, ngawengku babancik, tepas, patengahan, pangkéng, leuit, jeung pawon. Perkara modél imah Sunda jeung wincikan babagianana urang pedar dina bagian husus baé.
Kasebutna imah panggung tangtu aya kolongan, ari nangtungna tihang nyindekel kana tatapakan. Tatapan imah kuring harita tina batu, wangunna modél jubleg, kadieunakeun mah umumna tatapakan téh tina aduk nu dipasangan bata atawa batu, bentukna mah angger jiga jubleg. Najan keur usum ngijih, taneuh di kolong imah angger garing, malah ngeprul jiga keusik lempung. Atuh loba sato laleutik nu baretaheun, kayaning undur-undur, cucunguk taneuh nu sok dipaké eupan nguseup, cocopét, jeung tongo. Ngan pedah ari tongo mah tara katenjo, apal-apal geus ngagonyok waé dina taeun.
Harita jeung babaturan mindeng lilipekan di kolong, pangpangna mah resep nguseup undur-undur. Bubuhan kolong imah taneuh mah garing jeung ngeprul, atuh baretaheun undur-undur gé. Ari eupanna mah ku undur-undur deui, ditalian huluna ku bola atawa ramat, resep ngagulawingna. Hanjakal kiwari mah geus langka imah panggung téh, jadi moal kaalaman ku barudak ayeuna ulin lilipekan di kolong imah gé.
Nu matak moal poho, saban tas ulin di kolong, lebah téeun teu weleh digonyok tongo. Tapi da tara kapok, bubuhan resep, isukna lilipekan deui waé.*
Asep Ruhimat (2008)

Komentar