KARAWANG
Ku: Sunta Atmaja
Harita
basa ngajanteng di bali geusan ngajadi
haté kumalayang ka mangsa alam katukang
mukaan lambaran tatar Karawang
Nu ngawuluku ngahariring dangding
ngagalindeng kawih seneng
dipirig kucuprakna suku munding
Manuk apung ngawang-ngawang ngahaleuang
ngabubungah anu nyawah nu ngarasa guligah
duméh sawah anu lega tacan kagarap kabéh
Tah di dinya
di Tempuran jeung Cilamaya sawah ngaplak lega pisan
Tuh di ditu
di Udug-udug leuweung Kutatandingan pinuh kakayon
Karawang
di Pasundan tatar kalér nu mibanda sawah lega
jadi leuit Jawa Barat andelan béas balaréa
Kiwari
kasaksi sarta karasa
hariring ngagiring munding kageser ku sora traktor
ngolah sawah leuwih gancang anu nyawah henteu hariwang
Tapi
sawah téh bét ngaheureutan
basa nu hartana ngaleuya ngabangun perumahan
majar ukur sawah tadah hujan nu bakal dikurangan
geuning sawah tehnis irigasi loba anu digiridig
mangsa Karawang tatar kidul jadi kota industri
Naha bungah atawa sedih ieu haté teu paruguh
Naha gabah loba kénéh di Karawang lamun pabrik ting jungkiring
Naha taya nu miroséa lamun asup digawé di pabrik kudu maké duit
Naha anak incu moal kaduhung lamun jati kasilih ku junti
Anaking jimat awaking
Geura gedé geura jangkung
Najan teu sakola ka Bandung
Sing getol diajar di Karawang
Sing junun ngalap élmu nyanghareupan tangtangan jaman
Ngimbangan nu ti mancanagara nu ngadon bubuara di Karawang.
Cag.

Komentar