Ilustrasi Pasawahan Hilir di Karawang.*
KARAWANG - Warta Sunda Nusantara,
Hujan di Karawang ngamimitian deui maseuhan taneuh katut sawah. Ngan ari Karawang mah hususna daérah hilir geus teu ka kurangan ku cai. Poma ayeuna geus katingali usum hujan.
Karawang di hilir mah, patalimargana satungtung deuleu ku pasawahan. Keur mah panenna ogé dina sataun kana 2 atawa 3 Kalina.
Keur mah di hilir geus kageser ku mekarna zaman, yén sawahna salin rupa ku jugjleg perumahan. Sawah ayeuna mah dipelakan imah. Duka 10 taun kahareup, tangtu sawah-sawah di hilir ku imah-imah perumahan nu jadi sasaran para konglomerat ku marelak imah.
Hasil Apruk-aprukan Penulis ka Hilir di Karawang.
Bagéan ka-1.
Cag heula.
Anto S

Komentar