#Net_CCPost
Banjir Bandang
SUKABUMI - Warta Sunda Nusantara,
Waktu maju ka Asyar langit ngadadak angkeub dibarengan girimis, teu lila hujan badag dibarengan angin nu pohara tiupannana.
Kilat nu pating baranyay ditungtung ku sora nu mantak peureus mawa hawa karareueung.
Datang waktu Asyar hujan beuki badag népika asup wanci sareupna. komputer diruang marbot ngadadak error, aya béja loba tatangga nu tvna jadi korban kilat.
Innalillahi wainnaillaihirojiun
Réngsé solat Magrib diluar jalma-jalma ramé ngomongkeun Banjir Bandang di Cibuntu, hiji desa tonggoheun lembur kuring, deukeut ka suku Gunung Salak.
Banjir nu kacida gedéna mipir ngaliwatan lembur kuring terus ka Desa Nyangkoék.
Teu saeutik imah kabawa palid malahan mobil gé aya, ari kabar jalma anu kabawa palid gé aya ngan masih can pasti sabaraha jalma.
Mugia aya dina kasalamatan tur gancang kapanggih, nu keuna musibah dipaparinan kakiatan tur kasabaran.
Aamiiin Ya Robbal'alamin
Hatur nuhun ka Baraya kuring Kang Agus R Munggaran anu parantos hariwang mika melang, langsung nga wa pas ngadangu warta dina tv. Tur kabaraya PS nu sanés pidu'ana kanggo nu kenging musibah, sangkan aya dina kasabaran. Dina nampina ieu musibah.
Aamiiin Ya Robbal'alamin

Komentar