Langsung ke konten utama

AYANA CORONA KEPRAMUKAAN DI PURWAKARTA UP-DATE KMD VIRTUAL

 


 

AYANA CORONA KEPRAMUKAAN DI PURWAKARTA

UP-DATE KMD VIRTUAL 


JATILUHUR – Warta Sunda Nusantara,

P

enutupan Kursus Mahir Dasar sacara Virtual Sa-Purwakarta lumangsung kalayan lancar di MA Al-Irfan poé Rebo (30/9/2020) parapamilonna parat narima kaélmuan kepramukaan ku para pelatih. Kaélmuan kepramukaan éta téh nu materina sacara virtual ngalewatan During jeung Luring. Minangka ieu kagiatan keur Pusdiklatcab mah update tina kagiatan KMD 2020. Nilik tina kaayaan sasalad Covid-19 masih kénéh mahabu. 

Tapi teu jadi pondok harepan, malah kagiatanna ogé lumangsung tur rengsé lancar sakumaha mistina. Tetep nerapkeun protokolér kaséhatan ka para pamilonna. 

Malahan kagiatan KMD na ogé sacara virtual dibagi 6 (genep) zona nu ngawengku diantarana : Zona 1 : Purwakarta – Pasawahan, Zona 2 : Campaka, Cibatu, Babakancikao sarta Bungursari. Zona 3 : Wanayasa, Pondoksalam jeung Kiarapedes. Zona 4 : Darangdan – Bojong. Zona 5 : Pléréd, Maniis, Sukatani jeung Tegalwaru. Sarta Zona 6 : Jatiluhur – Sukasari. Lian ti éta materi nu dipasihannana nganggo sacara virtual. Kitu ditepikeun ku Ketua Panatacalagara, Abad Badrudin ka Warta Sunda Nusantara nalika penutupan Kursus Mahir Dasar sacara Virtual Sa-Purwakarta di MA Al-Irfan Ciganéa, Jatiluhur, Purwakarta, Indonésia, Rebo (30/9/2020). 

Dina biantara penutupan Kursus Mahir Dasar sacara Virtual Sa-Purwakarta, perwakilan Pelatih ti Pusdiklatcab nu ditepikeun ku Ka Yani, yén tina jumlah pamilon 52 urang téh nu ngawengku 45 urang murni lulus, 2 urang ditangguhkeun, 3 urang teu lulus. 

Sedengkeun ceuk perwakilan pamilon Ahmad Subaédi, inyana ngahaturkeun rewu-rewu nuhun, ka rengrengan Pusdiklatcab, para pelatih timimiti golongan siaga, penggalang katut penegak nu parantos masihan élmu ngeunaan kaélmuan kepramukaan, sok sanajan Covid acara lancar. Élmu tiasa diamalkeun di gudepna masing-masing. 



Lain halna ceuk Ketua PC NU Kabupatén Purwakarta ogé Ketua Yayasan Al-Irfan, Drs. K.H. Bahir Muhlis, M.Pd. Dina peupeujeuhna yén kasangtukangna kepanduan atawa kepramukaan téh geus aya ti saméméh kemerdekaan RI nu harita mah Pandu Tanah Air.  

Komo ayeuna ayana kagiatan KMD ieu téh, tangtu para pembina minangka kagiatan nu leuwih untung keur kulawedet NU, kulantaran dimangpaatkeun di masing-masig gudep, tur pikeun penggerak kepanduan, atanapi instruksina mah wajib ngamalkeun ajén-inajén kepanduan nu janten Pandu tanah air di kulawedet NU. 

Kukituna dilingkungan Sako LP Ma’Arif NU Kabupatén Purwakarta aura kepanduannana bisa leuwih nanjeur deui. Komo kiprah pramuka geus leuwih nanjeur deui saméméh merdeka ngalewatan gerakan NU. 

Perwakilan Kemenag Pontren : Kepala Seksi Pendidikan Diniyah dan Pondok Pesantren : Drs. H. MAMAN RAHMAN, M.Pd.I, tina acara éta ku niat nu istiqomah. ku ayana SAKO LP Ma’Arif NU Kabupatén Purwakarta. Inyana Ngarasa reueus aya Sako maarip, pangheula maju keur ka para nonoman.

Lain deui ceuk Ketua Panatacalagara ogé Ketua Sako LP Ma’Arif NU Kabupatén Purwakarta, Abad Badrudin, S.Pd.I, inyana ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka para pelatih nu aya dina beungkeutan Pusdiklatcab Purwakarta nu parantos masihan bekel kaélmuan kepanduan pikeun para pembina sangkan diterapkeun di masing-masing gudep. Malah mandar lain saukur KMD nu diayakeun, tapi KML na ogé baris dipagelarkeun kapayunna.***


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Kaahéngan Jembatan Ciganéa Mobil Mindeng Tikusruk ka Jurang

  Mobil treuk tikusruk dii Jembatan Cigan éa, Jatiluhur, Purwakarta.* Laporan : Heri Purnomo Kaahéngan Jembatan Ciganéa Mobil Mindeng Tikusruk ka Jurang CIGANEA – Warta Sunda Nusantara, Jembatan Cilampahan, Ciganéa Kabupatén Purwakarta sering aya mobil tikusruk ka jurang. Keur mah di wewengkon éta mindeng kajadian. Ceuk sakaol mah éta téh aya nu ngageueuh. Malah ceuk kolot baheula tiap kendaraan nu kadinya kudu méré kode ngelaksonan tilu kali. Cirining masihan pennghargaan ka nu ngageugeuh jembatan éta.   Saperti ayeuna, poé Salasa (29/9/2020) mobil treuk tikusruk jam 07.35 WIB di jembatan Cilampahan – Ciganéa. Ngan untung Supir jeung Keneka salamet.   Nepika turun warta ieu can meunang hasil katerangan ti pihak korban sarta pihak kepulisian.*** Heri Purnomo

10 Imah Warga di Kp. Cisarua Désa Sukamulya, Tegalwaru Kabawa Angin

  PURWAKARTA – Warta Sunda Nusantara, Sapuluh imah milik warga Kampung Cisarua RW.02 RT.013 sarta RT.14 Désa Sukamulya Kecamatan Tegalwaru Kabupatén Purwakarta, poé Saptu (26/9/2020) keuna kamusibahan angin puting beliung, nu ngabalukarkeun imah warga ancur. Dina hal ieu mah teu aya korban jiwa tina musibah éta, lantaran wargana aya dilaluar imah.   Kajadian angin gedé éta datangna ti beulah kidul kira-kira 16.00 WIB. Musibah éta ngabalukarkeu kenteng-kenteng imah tur kai-kai penyanggah imahna ogé kabawa ngapung teu kuat nahan angin. "Kajadian lumangsung aya kana 10 menitan," kitu ceuk Sopandi (68) warga setempat ka Warta Sunda Nusantara, poé Ahad (27/9/2020).   Nurutkeun sumber, yén imah warga ancur akibat angin puting beliung éta diantrana imah 1. Bapa Sudirman kamar jeung dapur roboh, 2. Bapa Uud kentengna haliber, 3. Bapa Asép hateup dapur kabawa ngapung, 4. Bapa Denih ogé hateup imah katut kentengna ka bawa ngapung, 5. Bapa Tupiadi asbes kentengna ka bawa ngapu

Poé ieu : H. Suhaemi UPTD Manten Plered, Tilar Dunya

  Warta Sunda Nusantara, Innalilahi wainnailaihi rojiuun, Titis tulis Bagja diri, takdir teu bisa dipungkir, qodar teu bisa dipungpang, poé Ahad ieu, poé punungtung pikeun H. Suhaemi, S.Pd, M.Pd (Ka. UPTD Plered Manten) dina  ngambah Sagara Kahuripan di alam Dunya. Poé ieu Pa Haji Suhaémi mulang ka alam kalanggengan, nyungsi poé panjang anu sampurna.  Ngantunkeun dina dinten Ahad, ping 20 September 2020, jam 18.45 WIB, di RS. Bayu Asih Purwakarta. Mugia mulangna Almarhum sing dipapag ku kanyaahna Gusti nu murbeng alam, ogé mugia Gusti nu Maha welas tur Maha Asih, meresihan diri Almarhum. Tina Sagala dosa, malah mandar Almarhum cicing tumaninah Dina sawargana Alloh...... Aamiin yaarobbal Alamiin...