Langsung ke konten utama

ADÉ SUHAYAT PUPUHU KWARRAN SUKATANI TAUN 2020-2023

 

Ketua Pinilih, Adé Suhayat nali ka biantara sabada lumangsung Musran Gerakan Pramuka Kwarran Sukatani, nu disarengan Korwil Dinas Pendidikan Kecamatan Sukatani-Paléréd, H. Jalaludin Malik, Perwakwilan Mabiran Sukatani nu diwakilan Endang ZA sarta Ketua Kwarran Sukatani manten Didin.* Senen (28/9/2020) di SDN 1 Cianting Utara Kecamatan Sukatani, Purwakarta.*

SUKATANI – Warta Sunda Nusantara,

6

2 Urang anggota Gerakan Pramuka Kwarran Sukatani, nangtukeun kapangurusan anyar. Sok sanajan dina kaayaan pandemic Covid-19, tetep ngalaksanakeun Musyawarah Ranting (Musran) Gerakan Pramuka Kwartir Ranting Sukatani Taun 2020 di SDN 1 Ciangting Utara Kecamatan Sukatani Kabupatén Purwakarta, Senen (28/9/2020).

Ketua Presidium Musran Gerakan Pramuka Kwartir Ranting Sukatani Taun 2020.*

“Parapamilon sarumanget haladir nerapkeun protokolér kaséhatan nu ditangtukeun ku pamaréntah. Malah mandar caralikna ogé jaga jarak.” Kitu ceuk Ketua Panatacalagara Musran Gerakan Pramuka Kwarran Sukatani 2020 ka Warta Sunda Nusantara.

Parapamilon Musran Gerakan Pramuka Kwartir Ranting Sukatani 

Dina kasempetan éta ogé pihak Mabiran Sukatani nu diwakilan Endang ZA, dina acara musran téh miharep sangkan para pamilon tong nepi ka marulang saacan bérés nangtukeun pangurus anyar.

Lain deui ceuk rengrenga pangurus Kwarran Sukatani, Didin Muhidin, inyana neda hapunten dina kapangurusan can tiasa ngabagéakeun anggota gerakan pramuka di Sukatani. Malan ngahaturkeun rewu-rewu nuhun tos dipasihan kapercantenan dina mangsa bhakti taun 2016-2018 nepika ayeuna purna di kapangurusan.

Sedengkeun ceuk Ketua Pinilih Musran Gerakan Pramuka Kwarran Sukatani, Adé Suhayat, dirina sareng kapangurusan nu anyar neruskeun hanca program katukang. Disagedengeun éta rék merjuangkeun sangkan boga bumi perkemahan di Sukatani.

Poto bareng rengrengan pangurus heubeul katut pangurus anyar Kwarran Sukatani nu disaksenan Korwil Dinas Pendidikan Kecamatan Sukatani-Paléréd, H. Jalaludin Malik, Perwakwilan Mabiran Sukatani nu diwakilan Endang ZA.*

Ungkara pupuhu pinilih éta téh dihaminan ku Korwil Dinas Pendidikan Kecamatan Sukatani, H. Jalaludin dina biantarana nu sakaligus nutup musran Gerakan Pramuka Kwarran Sukatani. Inyana ngahaminan rék ngupayakeun BUPER Pramuka di Sukatani. Malah mandar keur koordinasi jeung pihak Muspika Kecamatan Sukatani tur ngainventaris lahan-lahan di Sukatani.

Acara Musran Gerakan Pramuka Kwarran Sukatani  dihadiran ku 62 urang nu ngawengku Kepala Sekolah jeung guru, Mabiran Sukatani, Kwarran Sukatani, Mabigus Se-Kwarran Sukatani, Pamong Saka, Jeung DKR Sukatani ***

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Kaahéngan Jembatan Ciganéa Mobil Mindeng Tikusruk ka Jurang

  Mobil treuk tikusruk dii Jembatan Cigan éa, Jatiluhur, Purwakarta.* Laporan : Heri Purnomo Kaahéngan Jembatan Ciganéa Mobil Mindeng Tikusruk ka Jurang CIGANEA – Warta Sunda Nusantara, Jembatan Cilampahan, Ciganéa Kabupatén Purwakarta sering aya mobil tikusruk ka jurang. Keur mah di wewengkon éta mindeng kajadian. Ceuk sakaol mah éta téh aya nu ngageueuh. Malah ceuk kolot baheula tiap kendaraan nu kadinya kudu méré kode ngelaksonan tilu kali. Cirining masihan pennghargaan ka nu ngageugeuh jembatan éta.   Saperti ayeuna, poé Salasa (29/9/2020) mobil treuk tikusruk jam 07.35 WIB di jembatan Cilampahan – Ciganéa. Ngan untung Supir jeung Keneka salamet.   Nepika turun warta ieu can meunang hasil katerangan ti pihak korban sarta pihak kepulisian.*** Heri Purnomo

10 Imah Warga di Kp. Cisarua Désa Sukamulya, Tegalwaru Kabawa Angin

  PURWAKARTA – Warta Sunda Nusantara, Sapuluh imah milik warga Kampung Cisarua RW.02 RT.013 sarta RT.14 Désa Sukamulya Kecamatan Tegalwaru Kabupatén Purwakarta, poé Saptu (26/9/2020) keuna kamusibahan angin puting beliung, nu ngabalukarkeun imah warga ancur. Dina hal ieu mah teu aya korban jiwa tina musibah éta, lantaran wargana aya dilaluar imah.   Kajadian angin gedé éta datangna ti beulah kidul kira-kira 16.00 WIB. Musibah éta ngabalukarkeu kenteng-kenteng imah tur kai-kai penyanggah imahna ogé kabawa ngapung teu kuat nahan angin. "Kajadian lumangsung aya kana 10 menitan," kitu ceuk Sopandi (68) warga setempat ka Warta Sunda Nusantara, poé Ahad (27/9/2020).   Nurutkeun sumber, yén imah warga ancur akibat angin puting beliung éta diantrana imah 1. Bapa Sudirman kamar jeung dapur roboh, 2. Bapa Uud kentengna haliber, 3. Bapa Asép hateup dapur kabawa ngapung, 4. Bapa Denih ogé hateup imah katut kentengna ka bawa ngapung, 5. Bapa Tupiadi asbes kentengna ka bawa ngapu

Poé ieu : H. Suhaemi UPTD Manten Plered, Tilar Dunya

  Warta Sunda Nusantara, Innalilahi wainnailaihi rojiuun, Titis tulis Bagja diri, takdir teu bisa dipungkir, qodar teu bisa dipungpang, poé Ahad ieu, poé punungtung pikeun H. Suhaemi, S.Pd, M.Pd (Ka. UPTD Plered Manten) dina  ngambah Sagara Kahuripan di alam Dunya. Poé ieu Pa Haji Suhaémi mulang ka alam kalanggengan, nyungsi poé panjang anu sampurna.  Ngantunkeun dina dinten Ahad, ping 20 September 2020, jam 18.45 WIB, di RS. Bayu Asih Purwakarta. Mugia mulangna Almarhum sing dipapag ku kanyaahna Gusti nu murbeng alam, ogé mugia Gusti nu Maha welas tur Maha Asih, meresihan diri Almarhum. Tina Sagala dosa, malah mandar Almarhum cicing tumaninah Dina sawargana Alloh...... Aamiin yaarobbal Alamiin...