Tim di Désa Babakansari Ngagelar Operasi Yustisi Penegakan Displin Maké Masker sadésa.*
PALÉRÉD – Warta Sunda Nusantara,
Warga masarakat dipiharep tuhu kana protokolér kaséhatan nu kiwari keur dihangeutkeun ku pamaréntah maké masker, hal éta ngarupakeun kawajiban sakabéh warga tong nepi ka keunaan sasalad Covid-19. Malah mandar tepi ka diwawarkeun ti 4 (opat TIM) pikeun leuwih komfrehensip staké holdér ngawawarkeun ka warga masarakat, sangkan corona sirna.
Dina hal ieu mah ku karancagéan pihak Kecamatan Paléréd jeung rengrengan muspika, katut pihak désa katut rengrengannana, pon kitu deui Pihak Kepolisian Sektor Paléréd teu bosén-bosén uar pangajakna ka warga masarakat tuhu kana protokolér kaséhatan.
Saperti nu lumangsung poé Kemis, ping 24 September 2020 di wewengkon Kecamatan Paléréd diayakeun operasi yustisi gabungan Penegakan Displin tur gerakan wawar-wawar ka masarakat ngeunaan maké masker.
Operasi Yustisi gabungan antara pihak kepolisian jeung kecamatan nu sasaranna warga masarakat teu maraké masker sangkan maké masker. Kitu nu kasauran Camat Kecamatan Paléréd Asép Sendjaya, S.Ip nu direncangan Kapolsek Paléréd, Winarsa ka Warta Sunda Nusantara di Pasar Citeko Paléréd, Kemis (24/9/2020).
Pihakna ogé meunang intruksi ti Dinas Kesehatan Provinsi Jawa Barat hususna uar pangajakna ka Puskesmas ku cara milu aub dina ngawawarkeun ajakan maraké masker ka warga masarakat.
Malah mandar nepi ka dibagi 4 tim saperti diantarana Tim 1 ngawengku opat désa nyaéta Désa Paléréd, Sindangsari, Babakansari jeung Désa Anjun. Kaleresan Tim 1 mah langsung nu wawarna téh ku Ny. Rinrin Martina Sendjaya, Amd. Kep (istrina Camat) nganggo microphone uar pangajakna ngeunaan “Edukasi 3-M” (Maké Masker, Menjaga Jarak Mencuci Tangan) nu dipiharepna sangkan warga ngaranggo masker.
Sedengkeun Tim 2 ka Cibogo Hilir, Tim 3 aya nu ka Pamoyanan, Citeko Kalér, Liunggunung. Sarta Tim 4 Gandasoli. Sedengkeun tim Yustisi ti Polsek jeung di Pasar Citeko.
“Hasil tina gerakan éta téh, yén warga masarakatna garaduh masker, ngan rupa-rupa alesan saperti nu katinggaleun di imah, teu biasa maké masker,” pokna Camat.
Inyana ogé ngajelaskeun, yén corona téh aya. Ku kituna covid-19 tong dianggap sepele, justru kudu dihindarkeun, nya ku cara maké masker, tong loba ngariung tur jaga jarak aman.
Di tempat anu béda tim Warta Sunda Nusantara wawancara langsung ka dua désa di Kecamatan Paléréd nyaéta Désa Anjun jeung Babakansari. Tina hasil liputanana yén ebréh tur jelas ungkara nu diluhur nu dijelaskeun ku Pa Camat tur Kapolsek.
Dina kasempetan éta, Kepala Désa Anjun, H. Mulya Séfa ngajentrékeun yén gerakan nu dipingpin langsung ku Ibu Camat ngawengku aya sababaraha titik, diantarana ti mimiti wewengkon Gunung Cupu, Babakan Karawang, Lio, Cidadapan sarta Anjun. Pihakna nurunkeun 15 personil aparat désa.
Sedengkeun Kepala Désa Babakansari, Yaya Sunarya ogé nurunkeun 15 personil. Malahan nu jadi sasaran, antara perbatasan Anjun, Al-Muthohar Ds Palinggihan, nepika lembur atawa gang di Babakansari.
“Masarakat ngarespon ku ayana gerakan operasi yustisi gabungan jeung wawar maké masker. Sok sanajan masih katingali warga nu teu maké masker alatan teu biasa jeung tinggaleun di imah, tapi ku cara pendekatan persuasif, nya Alhamdulillah warga masarakat ogé ngarti.” Pokna Kadés Anjun.
Tim di Désa Babakansari Ngagelar Operasi Yustisi Penegakan Displin Maké Masker sadésa.
Saur Yaya Kasi PMD Kec.Maniis Manten, yén di wewengkonna gerakan ieu téh nepi ka motor ka tiap gang sa-Désa Babakansari. Malahan poé Juma’ah (25/9/2020) ogé rék aya acara sosialisasi masker di-internal Désa ku ngarangkul pihak Babinkamtibmas (Heri Hermansyah, SH), Babinsa (Taufik Rahfimuji), pon kitu deui ormas nu aya didésana diulem milu babarengan ngayakeun sosialisasi, karang taruna, PKK Ny. Mahmudah Nasir atawa nu nenehna Bunda ku nganggo raksukan resmi masing-masing.
Dina ngagelar Operasi Yustisi Penegakan Displin Maké Masker éta, di portal poé éta kénéh kajaring razia warga nu wasta mang Ajum (37) bandar kalapa warga luar Désa Babakansari nu teu maké masker.
Tina hasil paniten dilapangan yén nu milu aub kana ieu gerakan téh Pihak Kepolisian tina hiji tim téh nurunkeun 2 urang personil, 2 urang ti koramil, 1 Satpol PP, 2 urang Damkar sarta nu leuwih loba mah ti pihak puskesmas. Tapi pihak désa nurunkeun 15 urang personil.***
(A. Mugian / Anto S)





Komentar